Mauritius
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Citakan:Other uses
Mauritius (Kréol Mauritius: Moris; Basa Inggris: Mauritius, Basa Prancis: Maurice, dilapalkeun: [mɔˈʁis]), resmina Républik Mauritius (Kréol Mauritius: Republik Moris; Basa Inggris: Republic of Mauritius, Basa Prancis: République de Maurice) nyaéta hiji nagara kapuloan leupas basisir buana Afrika di beulah kidul-kulon Samudra Hindia, kira-kira 900 kilometres (560 mi) wétaneun Madagaskar. Salian ti pulo Mauritius, nagara ieu ngawengku kapuloan Cargados Carajos, Rodrigués, jeung Kapuloan Agalega. Pulo Mauritius mangrupa bagian ti Kapuloan Mascarene, bareng jeung koloni Perancis, Réunion, 200 km (120 mi) ka kidul-kulon jeung pulo Rodrigués 570 km (350 mi) ka kalér-wétan. Ibu kota nagara ieu nyaéta Port Louis.
Inggris ngarebut kadali kana kapuloan ieu ti Perancis basa Perang Napoleon, jeung Mauritius merdika ti Britania Raya dina 1968. Nagara ieu mangrupa républik parleméntér jeung mangrupa anggota ti Komunitas Pamekaran Afrika Kidul, Pasar Umum pikeun Afrika Wétan jeung Kidul, Uni Afrika, La Francophonie, jeung Pasamakmuran Bangsa-Bangsa.
Basa utami nu dipaké di Mauritius nyaéta Kréol Mauritius, Basa Perancis, jeung Basa Inggris. Basa Inggris mangrupa basa resmi sahiji-hijina tapi basa panghubung biasana Kréol Mauritius. Koran jeung program télévisi biasana dina Basa Perancis.[6] Kréol Rodrigués nyaéta hiji basa minoritas jeung dipaké di sababaraha bagian nagara. Rahayat nagara ieu diwangun ku sababaraha étnis, kaasup India, Afrika, Tionghoa, jeung Perancis. Panjelajah Eropa kahiji nu datang ka pulo ieu teu manggihan padumuk pribumi di pulo ieu.
Pulo Mauritius katelah salaku sahiji-hijina tempat nu kawanoh salaku tempat aya manuk dodo. Manuk ieu mangrupa pangan nu gampang diala ku para padumuk lantaran teu bisa ngapung jeung beuratna. Jadi punah kirang ti 80 taun sanggeus panjajahan awal Éropa.
Remove ads
Distrik jeung depéndensi

- Pulo Mauritius dibagi kana 9 distrik:
- Black River (Ibu kota: Bambous)
- Flacq (Ibu kota: Centre de Flacq)
- Grand Port (Ibu kota: Mahébourg)
- Moka (Ibu kota: Quartier Militaire)
- Pamplemousses (Ibu kota: Triolet)
- Plaines Wilhems (Ibu kota: Rose-Hill)
- Port Louis (Ibu kota Mauritius)
- Riviére du Rempart (Ibu kota: Mapou)
- Savanne (Ibu kota: Souillac)
Depéndensi
Remove ads
Tempo ogé
- Pulo-pulo leutik di Mauritius
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads


