Menyan

From Wikipedia, the free encyclopedia

Menyan
Remove ads

Menyan nyaét hiji tangkal anu ngahasilkeu bahan pikeun  seuseungitan ilaharna ku jalan dibeuleum dina ruhak areng.[1] Menyan dihasilkeun tina tangkal menyan kujalan diturih tangkalna sangkan kaluar geutahna, menyan sok disebut ogé olibanum salaku bahan keur nyieun dupa.[1] Tangkal menyan kagolong keun kana ordo Ebenales tina kulawarga styracaceae sarta genusna styrax. [2] Aya sababaraha jinis tangkal menyan, tapi anu mibanda niléy ékonomi anu luhur ngam opat rupa :

  1. Menyan durame (Styrax benzoini dryand)
  2. Menyan bulu (Styrax benzoini dryenhiliferum)
  3. Menyan toba (Styrax Sumatra)
  4. Menyan siam ( Styrax tokinensis)[2]
Thumb
Menyan Arab ti Yaman
Remove ads

Daérah Anu Ngahasilkeun Menyan

Menyan pang lobama dihasilkeun ti pulo Sumatra, hususna Sumatera kalér ieu geus sababaraha abad ngahaja melak tangkal menyan. [3]

Daérah Palembang ogé dipiwanoh salaku daérah panghasil menyan anu penting, malahan geus ti jaman karajaan Sriwijaya kénéh nalika abad ka 12 menyan jasi salah sahiji komoditas ékspor.[3]

Di provinsi Jambi jeung Riau masih kénéh ngahasilkeun menyan anu dijual dipasar doméstik sanajan jumlahna beuki ngorotan, lantaran tangkalna beuki ngirangan ka silih ku tangkal karét. [3]

Remove ads

Nyadap Tangkal Menyan

Tangkal  menyan mimiti diturih  tina tangkal panghandapna, jarak tempat turihan kana taneuh kurang leuwih dua méter. [3] Dina turihan  mimiti ieu, tilu nepika lima tempat anu paanggang bisa diturih kénca, katuhu, tukang, hareup. [3]

Taun hareupna, turihan dijieun kawas turihan ka hiji jarakna dua méter tina turihan saméméhna. Kitu satuluyna nepika tungtung tangkal anu bisa disadap. [3]

Lamun geus luhur tangkal jeung turihanna, tukang nyadap kudu naék kaluhur maké bantuan tali anu meungkeut awakna jeung tangkal menyan.[3] Ieu tali teu sagawayah, teu bisa maké tali tina tambang plastik alatan leueur, tali anu hadé dijieun tina injuk beunang nga gintir anu katelah  (tali polang). [3]

Remove ads

Mamgpaat

Menyan geus rebuan taun dimangpaatkun  salaku

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads