Modem
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Modem singgetan tina Modulator Demodulator.[1] Modulator nyaéta bagian anu ngarobah sinyal informasi ka sinyal nu mawa Carrier sarta bisa dikirimkeun, sedengkeun Demodulator nyaéta bagian anu misahkeun sinyal informasi (anu eusina data atawa talatah) ti sinyal nu mawa carrier anu ditarima, ku kituna informasi éta bisa ditarima kalayan alus. Modém mangrupa penggabungan duanana, hartina modém nyaéta pakakas komunikasi dua arah.[rujukan?] Saban pakakas komunikasi jarak dua-arah umumna maké bagian anu disebut modem, kawas VSAT, Microwave Radio,jeung sajabana, tapi umumna istilah modem leuwih dipikawanoh minangka alat nu dipaké pikeun komunikasi dina komputer.[1]
Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti. Mangga bantos ngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi. Tag ieu dibéré dina January 2016 |
Remove ads
Jenis Modem
Modem miboga fungsi pikeun ngasupkeun sinyal informasi ka gelombang nu mawa.[1] Modem kabagi jadi 4 nyaéta:[1]
1. Amplitude Modulation ( AM ), nyaéta runtuyan éléktronik anu ngarobah amplitudo gelombang nu mawa luyu kalayan amplitudo sinyal informasi.[1]
2. Frequency Modulation ( FM ), nyaéta runtuyan éléktronik anu ngarobah frekuensi gelombang nu mawa luyu kalayan parobahan frekuensi sinyal informasi. <[1]
3. Pulse Modulation ( PM ), nyaéta sistem modulasi pulsa bisa dibédakeun jadi:[1]
- PAM ( Pulse Amplitude Modulation ), amplitudo gelombang pulsa robah luyu kalayan parobahan sinyal informasi. [rujukan?]
- PPM ( Pulse Position Modulation ), nyaéta posisi pulsa raobah luyu jeung sudut phasa sinyal informasi.[rujukan?]
- PWM ( Pulse Width Modulation ), jarak antar pulsa robah luyu jeung parobahan frekuensi sinyal nu mawa.[rujukan?]
4. Digital Modulation.[rujukan?]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads