Modulasi pita sisi vestigial

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Modulasi pita sisi sésa atawa vestigial-sideband (VSB) mangrupa kompromi antara modulasi SSB jeung modulasi DSB. Dina cara modulasi ieu, hiji pita sisi diliwatkeun ampir salengkepna sedengkeun pita sisi hijina deui disésakeun sawaréh. Bandwidth nu ilahar diperlukeun pikeun mancarkeun sinyal VSB kira kira 1,25 kali bandwidth sinyal SSB. Modulasi VSB dipaké pikeun mancarkeun sinyal vidéo dina siaran televisi komérsial.

Remove ads

Ngabangkitkeun sinyal VSB

Sinyal VSB bisa dibangkitkeun ku cara ngaliwatkeun sinyal DSB kana filter anu ngahasilkeun bentuk pita sisi (atawa filter VSB) saperti gambar di handap ieu:

Thumb

Dina gambar di luhur, dianggap yén pita sisi handap dirobah bentukna jadi VSB.

Dumasar kana gambar kasebut:

XDSB() = ....... (1)

sarta:

XVSB() = .......(2)

Remove ads

Demodulasi sinyal VSB

Pikeun sinyal VSB, sinyal informasi m(t) bisa katimu deui ku cara demodulasi sinkron atawa kohéren saperti dina gambar di handap.

Thumb

Katempo yén d(t) = xVSB(t) boga transformasi Fourier:

[XVSB + XVSB ....... (3)

Ku cara ngasupkeun persamaan (2) kana persamaan (3), mangka dihasilkeun:

.......(4)

Ku cara nindes spéktrum dina jeung maké LPF, urang baris meunangkeun y(t) ti demodulator VSB sinkron jeung transformasi Fourierna:

.......(5)

Pikeun detéksi tanpa distorsi, urang baris meunangkeun:

.......(6)

di mana k mangrupakan hiji konstanta.

Jadi pikuen demodulasi tanpa distorsi:

pikeun ...... (7)

di mana mangrupa frékuénsi maksimum m(t)

Lamun , persamaan (7) jadi:

....... (8)

anu némbongkeun yén bakal boga antisimétri di sabudeureun frékuénsi pamawa saperti dina gambar di handap.

Thumb

Gambar di luhur mintonkeun yén aya dua wangun anu mungkin bisa nedunan persamaan (8)

Gambar (a) mintonkeun karakteristik filter VSB anu mertahankeun pita sisi handap atawa lower sideband (LSB) sedengkeun gambar (b) mintonkeun karakteristik filter VSB anu mertahankeun pita sisi luhur atawa upper sideband (USB).

Hasil pamustungan tina demudolator VSB nyaéta sinyal y(t) anu sarupa jeung sinyal informasi m(t) (anu jadi asupan pikeun modulator VSB).

Thumb

Remove ads

Tempo ogé

Rujukan

  1. Hsu, Hwei P., Schaum's Outline of Théory and Problems of Analog and Digital Communications, McGraw Hill, 1993
Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads