Norwégia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Karajaan Norwégia atawa Kongeriket Norge (Noreg) dina basa Norwégia, mangrupa hiji nagara Nordik di Samenanjung Skandinavia bagian kulon nu tepung wates jeung Swédia, Finlandia, jeung Rusia. Basisirna nu aya di Samudra Atlantik Kalér jeung Laut Barents mangrupa lokasi ti fyord nu kasohor. Svalbard jeung Jan Mayen aya dina kadaulatan Norwégia dumasar kana Traktat Svalbard. Norwégia miboga hiji pulo nu ngaranna Bouvet nu aya di Samudra Atlantik. Norwégia mangrupa nagara kalawan kapadetan populasi nu panghandapna kadua di Éropa. Ibu kotana nyaéta Oslo. Norwégia miboga cadangan minyak bumi, gas alam, mineral, pangan laut, cai tawar nu luas. Norwégia ogé panghasil minyak jeung gas alam per kapita nu panggedéna di luar Wétan Tengah.
Remove ads
Étimologi
Norwégia biasana disebut Kongeriket Norge (Karajaan Norwégia) dina tulisan Bokmål, lamun Kongeriket Noreg dina tulisan Nyrosk.
Urang Norwégia Lami biasana nyebut Norwégia Noregr, jeung urang patengahan Latihan nyaéta Nor(th)vegia. Sababaraha téks abad patengahan nyebut ngeunaan mitos raja Norr, budak Snær (personifikasi salju), katurunan Fornjót, pangawasa legéndaris Finlandia. Tapi, umumna diasumsikeun ngaran asalna ti urang Norwégia Lami, nu hartina "norðvegr" (di kaléreun jalan). Norwégia ogé miboga istilah austrvegr "lemah di beulah wétan" (Rusia), vestrvegr "lemah di beulah kulon" (Inggris jeung Irlandia), jeung suðrvegr "lemah di beulah kidul" (Méditérania).
Remove ads
Sajarah
Jaman Viking

Jaman Viking miboga karakteristik kalawan paluasan jeung émigrasi ku para palaut Viking. Dumasar kana tradisi, Harald Fairhair (Harald Hårfagre) ngahiji jeung maranéhna wanci 872 M sanggeus Patempuran Hafrsfjord di Stavanger, jadina minangka raja kahiji ti Norwégia ngahiji. Wewengkon Harald utamana basisir Norwégia Kidul.

Harald Fairhair maréntah kalawan tangan nu kiat, jeung ceuk sajarah, loba urang Norwégia ninggalkeun nagarana pikeun hirup di Islandia, Kapulauan Faroe, Lemah Héjo, jeung bagian ti Britania Raya sareng Irlandia. Kota-kota Irlandia ayeuna kawas Dublin, Limerick, jeung Waterford diwangun ku padumuk Norwégia jeung Dénmark.[rujukan?]
Remove ads
Géografi
Norwégia tepung wates jeung Laut Kalér kulon-kidul, jeung Kapuloan Skagerrak di kidul, Laut Norwégia di kulon, sarta Laut Barents di wétan-kalér. Di beulah wétan, Norwégia tepung wates jeung Swédia, Finlandia, jeung Rusia. Titik pangluhurna di Norwégia nyaéta Galdhøpiggen kalawan 2.469 méter.

Politik
Norwégia mangrupa nagara monarki konstitusional nu ngagunakeun sistem pamaréntahan parleménter.
Parleménna, Stortinget, miboga 169 anggota (saméméhna 165, teras ditambih 4 urang dina kaping 12 Séptémber 2005) nu dipilih pikeun jabatan 4 taun. Parlemén ieu kabagi dua dina voting législasi, Odelsting jeung Lagting. Iwal pikeun sababaraha al, Storting boga fungsi minangka parlemén unikameral.
Remove ads
Babagian Administratif
Norwégia dibagi kana 15 county (fylker). Norwégia ogé miboga dua wewengkon téritori, Jan Mayen jeung Svalbard. Aya tilu depéndensi : Pulo Bouvet, Pulo Peter I, jeung Daratan Ratu Maud.
Ieu county di Norwégia:[4]

Remove ads
Tempo ogé
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads


