Svalbard

From Wikipedia, the free encyclopedia

Svalbard
Remove ads

Svalbard mangrupa hiji kapuloan di Arktika, bagian pangkalérna ti Norwégia. Kapuloan ieu aya di kaléreun daratan utama Éropa. Kumpulan pulo-pulo manjang ti 74° ka 81° lintang kalér (di jeroeun Bunderan Arktik), jeung ti 10° ka 35° wétan. Spitsbergen mangrupa pulo nu panggedéna, dipiluan ku Nordaustlandet jeung Edgeøya. Puseur administratif nyaéta Longyearbyen, jeung padumukan nu lian kaasup komunitas tambang RUsiaBarentsburg, komunitas panalungtikanNy-Ålesund, jeung pos pangawasaan tambangSveagruva. Kapuloan ieu diatur ku Gubernur Svalbard. Kapuloan ieu miboga iklim Arktik, sanajan sacara signifikan miboga suhu nu leuwih panas tinimbang aréa nu lian dina lintang nu sarua.

Thumb
Peta topografis Svalbard
Fakta Singget Basa resmi, Pamaréntah ...
Remove ads

Politik

 Artikel utama: Politik Svalbard.

Traktat Svalbard 1920 nyieun kadaulatan pinu Norwégia kana kapuloan. Pulo-pulona mangrupa, teu kawas Téritori Antarktika Norwégia, bagian ti Karajaan Norwégia jeung sanés hiji depéndensi. Traktat ieu mimiti éféktip dina 1925, mimilu Pakta Svalbard. Sadaya 40 nagara panandatangan traktat miboga hak ngalaksanakeun aktivitas dagang dina kapuloan ieu tampa diskriminasi, sanajan sagala aktivitas mangrupa subjék pikeun législasi Norwégia. Traktat ieu ngawateskeun hak Norwégia pikeun nagih pajak ka palayanan kauangan di Svalbard. Janten, Svalbard miboga pamasukan pajak nu leuwih saeutik tinimbang daratan utama Norwégia, jeung euweuh pajak panambihan ajén. Svalbard mangrupa hiji daérah kadémilitarisasi, sakumaha traktat ngalarang pawangunan instalasi militér. Aktivitas militér Norwégia kawates ka pangawasan panguseupan ku Panjaga Sagara Norwégia sakumaha trakta mibutuhkeun Norwégia pikeun ngajaga lingkungan alam.[3][4]

Remove ads

Gambar

Réferénsi

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads