Oyong

From Wikipedia, the free encyclopedia

Oyong
Remove ads

Oyong atawa émés (Luffa acutangula) (basa Indonésia: gambas) nyaéta sayuran buah nu deukeut jeung bonténg, samangka sarta mélon kaasup famili Cucurbitaceae.[1]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...

Buah oyong wangunna kawas buah bestru (belustru) nu sok dipaké seratna minangka tapas pikeun ngumbah piring.[rujukan?] Bédana, kulit buah oyong rada keusrak sedengkeun bestru mah lemes.[1][2] Sagigireun buahna anu sok di olah salaku sayuran, daunna anu masih ngora/pucuk bisa ogé dimangpaatkeun salaku lalab jeung bahan sayuran.[2]


Remove ads

Déskripsi

Oyong mangrupa sayuran tropis has Asia.[1] Di sababaraha nagara, oyong leuwih populér ti batan bestru.[1] Dina basa asing, oyong disebut si gua (Cina), patola (Tagalog), hecchima (Jepang), susemi (Koréa), ghonsavala, dadaka atawa turai (India).[1] Oyong biasana ditumis atawa dijieun sop.[1] Daging buah oyong hipu pisan, rasana rada amis lamun masih ngora.[1] Tapi, sanggeus kolot jadi hambar jeung boga harambay di jerona.[1] Aya loba jinis oyong ngan nu teu pait wungkul nu biasana dijadikeun olahan.[1]

Remove ads

Agro ékologi

Tangkal oyong bisa hirup kalawan subur di daérah anu mibanda suhu 30-35 darajat, ulsh leuwih tiis ti 20 darajat lantaran moah subur jadina.[2] Di tempat anu kasorot langsung ku panon poé, sarta taneuh ngeprul ngandung [keusik]] tuh pH taneuh 6.6-7.5.[2] Ti dataran landeuh nepika tonggohna 500 meter luhureunbeungeut cai laut.[2]


Gizi jeung Mangpaat Oyong

Saeutik Kalori

Oyong kaasup sayuran nu saeutik kalori.[1] Ti 100 gram oyong ngan boga kalori 18 kcal.[1] Komponén panglobana dina oyong nyaéta cai nu lobana 94.5g/100g.[1]

Sumber Mineral Fosfor

Mineral nu panglobana dina oyong nyaéta fosfor kalawan 33 mg/100g.[1] Sanajan jumlahna saeutik, fosfor dina oyong bakal ngarojong kana kabutuhan fosfor dina awak[1]. Fosfor kaasup mineral makro nu diperlukeun awak dina jumlah nu loba.[1] Fosfor dipaké pikeun produksi énergi nu asalna ti kadaharan.[1] Énergi éta dipaké pikeun prosés métabolisme jeung fisiologi awak.[1]

Kagunaan Séjén[3]

  1. Hadé pikeun padaharan
  2. Kagunaan laksatif
  3. Ngeureunkeun pendarahan
  4. Nurunkeun reuhak tina saluran napas.

Jumlah Nutrisi dina 100 gram Oyong[1]

Informasi leuwih jero Komponén Gizi, Jumlah ...

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads