Pager
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Pager nyaéta jajaran awi, kai atawa beusi jeung salianna ti éta anu disaruakeun luhurna dina wates pakarangan, kebon atawa taman pikeun ciri jeung supaya ulah aya anu arasup kitu baé.[1]

Harti kata pager kapanggih ogé dina terjemahan kecap “suk” (nu disusun ku huruf-huruf jeung rarangken aksara swara Ibrani: Sin-Sureq-Kaf), anu diturunkeun tina akar kecap indung SK (Samekh-Kaf).Hufur Samekh dina piktografi Ibrani kuno nyaéta gambar cucuk anu ngalambangkeun ide panyalindungan, ana pon huruf Kaf nyaéta gambar dampal leungeun anu ngalambangkeun ide pikeun nutup.[2] Gabungan éta dua gambar téh ngandung harti “pikeun nutupan anu sifatna jadi panyalindungan”.[2]
Remove ads
Cara Ngarawat Pager
Palakiah Nyingkahkeun Panarajang Rinyuh
pikeun nyingkahan panarajang rinyuh, pager bisa dilapisan ku cét anti rinyuh atawa ku cara nyemprotkeun zat anti rinyuh sahenteuna genep bulan sakali.[3]
Sangkan Pager teu Bulukan
Pikeun nyingkahan panarajang jamur, nalika rék mulaskeun cét, hadéna mah kai téh dilapisan heula ku teka oil anu warnana natural.[3] Éta lapisan téh diulaskeun sabada kaina dihampelas. Iwal ti bisa ngingkahkeun panarajang jamur, ieu lapisan téak oil téh boga mangpaat pikeun ngawétkeun warna kai sangkan teu robah.[3]
Sangkan Henteu Kucel
Ieu hal téh alatan pger teu kaurus.[3] Tarékahna nyaéta pager kudu dipulas deui ku pulas anyat. Pikeun hasil anu sampurna mah kudu maké cara mulas anu bener.[3]
Remove ads
Réferénsi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
