Pasar

From Wikipedia, the free encyclopedia

Pasar
Remove ads

Pasar nyaéta tempat jelema nu daragang di tempat anu geus ditetepkeun diunggal kabupatén, distrik, kacamatan, malah méh di unggal désa sok aya pasar[1].[2]

Thumb
Pasar Tradisional


Rupa-rupa Pasar

Bag-bagan Pasar Numutkeun Waktuna

1. Pasar Poéan, nyaéta tempat papanggihna padagang jeung nu meuli anu lumangsung unggal poé[3].
2. Pasar Mingguan, nyaéta tempat papanggihna padagang jeung nu meuli anu lumangsungna sakali dina saminggu[3].
3. Pasar Bulanan, nyaéta tempat papanggihna padagang jeung nu meuli anu lumangsungna sabulan sakali[3].
4. Pasar Taunan, nyaéta tempat padagang jeung nu meuli anu ayana sakali dina sataun contona Jakarta Fair, Surabaya fair, Tokyo Fair jeung sajabana[3].

Bagbagan Pasar Numutkeun Tempatna

1. Pasar di éta tempat nyaéta pasar anu nyadiakeun pangabutuh barang konsumén di éta tempat[3].
2. Pasar Daérah, nyaéta pasar anu ngalayanan para padagang menengah pikeun daérah disabudeureunana[3].
3. Pasar Nasional, nyaéta pasar anu ngadagangkeun barang-barang industri di jero nagri[3].
4. Pasar Internasional, nyaéta pasar anu ngadagangkeun barang industri di luar nagri[3].

Bagbagan Pasar Numutkeun Wangunna

1. Pasar kongkret/ nyata, nyaéta pasar anu nyadiakeun barang-barang nepi ka padagang jeung nu meuli bisa langsung transaksi, contona pasar bungbuahan, jeung sajabana[3].
2. Pasar abstrak, nyaéta pasar anu ngadagangkeun barang dumasar kana conto jeung kualitas barang anu geus ditangtukeun[3].
Contona Bursa Éfék Jakarta, Bursa Éfék Tokyo jeung sajabana[3].

Bagbagan Pasar Numutkeun Rupana

1. Pasar sampurna, nyaéta pasar tempat padagang jeung nu meuli silih mikanyaho harga[3].
2. Pasar teu sampurna, nyaéta pasar anu di jerona padagang jeung nu meuli kurang boga kabébasan dina nangtukeun harga paménta jeung nawarkeun[3].

Bagbagan Pasar Numutkeun Loba Saeutikna Padagang jeung Nu meuli

1. Pasar monopoli[3].
2. Pasar monopsoni[3].
3. Pasar dina kaayaan persaingan[3].
4. Pasar dina kaayaan persaingan monopolitis[3].

Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads