Pérak

From Wikipedia, the free encyclopedia

Pérak
Remove ads

Pérak nyaéta unsur kimia nu lambangna Ag (Latin: argentum, tina Basa Yunani Kuna: ἀργήεντος - argēentos, diturunkeun tina ἀργήεις - argēeis, "bodas, méncrang" ) kalawan nomer atom 47. Ieu unsur kaasup logam transisi, konduktivitas listrikna paling onjoy ti sakabéh unsur, anapon konduktivitas panasna paling onjoy ti sakabéh logam. Ieu logam aya sacara alami dina bentuk logam murni, aloy jeung emas (éléktrum) sarta logam lianna, jeung dina bentuk mineral kayaning argentit jeung klorargirit. Pérak biasana dihasilkeun salaku panambah dina pertambangan tambaga, emas, timah, jeung séng.

Fakta Singget Umum, Pasipatan fisik ...

Pérak geus dipikawanoh ti jaman bihari salaku logam anu luhur ajénna, sarta biasa dipaké mapaés wangunan, perhiasan, paranti tuang-leueut, jeung koin pérak. Dina kahirupan kiwari, pérak dipaké dina paranti listrik, dina enteung, jeung pikeun katalis rupa-rupa réaksi kimia. Sanyawaanana dipaké dina négatif film, anapon larutan pérak nitrat jeung nu lianna dipaké dina disinféktan. Najan mangpaat antimikrobana geus loba kasilih ku antibiotik, tapi ieu logam masih ditalungtik pikeun mangpaat klinisna.

Remove ads

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads