Parunggu

From Wikipedia, the free encyclopedia

Parunggu
Remove ads

Gangsa atawa Perunggu nujul ka sakabéh aloy tembaga, utamana jeung timah salaku aditif utama, tapi kadang jeung unsur séjén, kayaning fosfor, mangan, aluminium, atawa silikon. Jaman baheula ieu logam loba pisan dipaké, sahingga dipaké nandaan Yuga Perunggu.

Thumb
Potongan perunggu kuna kapanggih ngagunduk, sigana rék didaur ulang.

Sajarah

Thumb
Parabot Cina ti mangsa 722-481 SM.

Perunggu diandel pisan ku sakabéh kaadaban nu kungsi ngagunakeun ieu logam. Ti parabot imah, pakarang, nepi ka bahan wangunan atawa hiasan dijieun tina perunggu, sabab leuwih kuat batan tembaga atawa batu. Nu pangkahotna kapanggih di Susa, jeung sababaraha situs kuna di Luristan (duanana di Iran) jeung Mésopotamia Irak, titinggal milénium ka-4 SM.

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads