nagara di Asia Kulon From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Iran, (basa Pérsia: ايران, Īrān;dikecapkeun[iːˈɾɒn]), ngaran resmina Républik Islam Iran (basa Pérsia: جمهوری اسلامی ايران, transliterasi: Jomhūrī-ye Eslāmī-ye Īrān), saméméhna katelah sacara internasional minangka Pérsia, nyaéta nagara di Asia Kulon Kidul nu dina wewengkon géografis mah perenahna aya di Wétan Tengah, jeung Kaukasus. Islam Syi'ah mangrupa ageman nagara sarta Basa Pérsia mangrupa basa resmina.[4]
Fakta Singget جمهوری اسلامی ايران Jomhūrī-ye Eslāmī-ye ĪrānRépublik Islam Iran, Kota panggedéna ...
Statistical Center of Iran. "تغییرات جمعیت کشور طی سالهای ۱۳۳۵-۱۳۸۵" (Dina basa Persian). Diaksés tanggal 2007-05-16. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
Minangka nagara panggedéna ka-18 di dunya dumasar legana nu 1,648,000 kilométer pasagi, Iran saukuran jeung United Kingdom, Perancis, Spanyol jeung Jerman lamun dihijikeun, atawa leuwih leutik saeutik tinimbang nagara bagéan AS, Alaska (1,717,855km²). Pangeusina leuwih ti tujuh puluh juta urang.
Iran wawatesan jeung Armenia, Azerbaijan, sarta Turkmenistan di béh kaler; Afghanistan jeung Pakistan di béh wetan; sarta Turki jeung Irak di béh kulon. Minangka tambahan, wawatesan ogé jeung Teluk Pérsia, hiji wewengkon penting nu ngahasilkeun minyak, Teluk Oman, sarta Sagara Kaspia.