Poales
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Poales nyaéta salah sahiji ordo tutuwuhan tina kelompok tutuwuhan kembangan.[1] Kulawarga jujukutan (Poaceae) mangrupa salah sahiji anggotana.[2] Ordo poales diwangun ku 18 kulawarga jeung antara 18.000 spésiés tutuwuhan monokotil (jujukutan: 9700 spésiés).[3] Kelompok poales mangrupa kelompok tutuwuhan kembangan kuna, sahenteuna geus aya 115 juta taun ka tukang.[3] Kembangna biasana laleutik jeung sok diserbukan ku angin, sok dikelompokkeun dina jenis répréoduksi kembang spikate atawa kelompok nu tara katempo, sanajan aya sababaraha kelompok nu leuwih katémbong.[3]
Remove ads
Babagian
Ordo ieu diwangun ku sababaraha garis katurunan nu sacara tradisional geus diaku salaku kelompok, anggota kelompok ieu sok pindah tina hiji kelompok ka kelompok séjén.[2] Kelompok utama nu kaasup kana Poales nyaéta:[2]
- kelompok jujukutan (kulawarga poaceae, restionaceae, asteraceae, centrolepidaceae, ecdeiocoleaceae, flagellariaceae, jeung joinvilleaceae).[2]
- kelompok Cattail (keluarga typhacéae dan sparganiacéae), jeung[2]
- kelompok alang (juncacéae, cyperacéae, dan thurniacéae).[2]
Salian ti éta, kaasup ogé kulawarga xyridacéae, eriocaulacéae, bromeliacéae, mayacacéae, jeung rapatéacéae.[2]
Remove ads
Referensi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
