Portugal
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Républik Portugal mangrupa hiji nagara di Éropa bagian barat daya. Nagara ieu tepung wates jeung Spanyol di beulah kalér jeung wétan. Di beulah kulon tepung wates jeung Samudra Atlantik. Salian ti éta, Portugal ogé miboga wewengkon di Madeira, Asores, jeung Kapuloan Selvagens. Portugal ngaklaim hiji wewengkon leutik nu ngaranna Olivença nu dikawasaan Spanyol ti Kongrés Wina. Ngaran lami atawa latin ti nagara ieu nyaéta Lusitania.
Kecap Portugis mindeng dipaké pikeun nyebutkeun padumuk atawa urang nu asalna ti Portugal. Kecap ieu ogé sesebutan pikeun basa nu dipaké ku bangsa ieu. Nagara-nagara nu maké basa Portugis sok disebut minangka nagara-nagara Lusophone.

Portugal téh nagara maju[1] jeung kaasup nagara anggota Uni Éropa, ngagabung dina taun 1986.
Remove ads
Politik
Portugal mangrupa nagara républik kalawan Lisbon minangka ibu kota nagara. Opat komponén utama dina pamaréntahan Portugal nyaéta: Présidén minangka pupuhu nagara, Parlemén, Perdana Menteri minangka pupuhu pamaréntahan jeung mahkamah luhur. Konstitusi ngabagi kakawasaan éta jadi éksekutif, législatif, jeung yudikatif. Présidén dipilih saban lima taun, samentara Perdana Menteri dipilih langsung ku présidén jeung umumna mangrupa pamingpin ti partéy nu meunang pamilu. Institusi législatif diwangun ti 230 urang députi nu bakal ngajabat 4 taun. Ari mahkamah diwangun ti yudisial, administratif, jeung fiskal.
Remove ads
Babagian administratif
Portugal miboga 18 distrik jeung 308 munisipalitas.
Remove ads
Réferénsi
Tempo ogé
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

