Primata

From Wikipedia, the free encyclopedia

Primata
Remove ads

Primata (L. prima, kahiji) hartina sakabéh anggota ordo nu ilaharna patali jeung lemur, monyét, jeung kera, kaasup manusa.[1] Primata aya di sakuliah dunya, tapi lolobana mah (nu lain manusa) ayana di Amérika Tengah jeung Kidul, Aprika, jeung Asia Kidul.

Fakta Singget Primata Temporal range: Tungtung Kretasius - Kiwari, Klasifikasi ilmiah ...

Ordo primata sacara teu resmi dibagi deui kana tilu golongan utama: prosimian, Monyét Dunya Anyar, jeung monyét sarta kera Dunya Kuna. Prosimian téh spésiés nu awakna ampir sarupa jeung proto-primata awal, misalna lemur Madagaskar jeung kapuloan Komoro nu kakurung ti dunya luar. Monyét Dunya Anyar ngawengku monyét kapucin, howler, jeung monyét bajing nu ukur aya di Amérika. Di saluarkeun manusa, simian, Monyét Dunya Kuna jeung kera mah ngeusi Aprika jeung Asia Kidul & Tengah, najan aya bukti fosil nu nunjukkeun yén spésiés-spésiés éta ogé kungsi aya di Éropah. Kiwari kacatet aya 190–448 spésiés primata hirup, gumantung kana klasipikasi anu dipaké. Di Asia, kacatet aya 119 spésiés, satengahna aya di Indonésia.[2]

Remove ads

Dedegan

Thumb
Dedegan manusa

Sakabéh primata boga lima ramo (pentadaktili), pola huntu nu sarua, sarta widang awak nu primitip. Ciri pangbéda séjénna nyaéta ayana kuku. Jempol nu nyanghareup ka ramo lianna ogé mangrupa ciri primata, najan aya ogé sato séjén nu boga ciri kieu.

Baca ogé

  • Téori arboréal
  • Primatologi

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads