Rasamala

From Wikipedia, the free encyclopedia

Rasamala
Remove ads

Rasamala (basa Latin: Altingia excelsa) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Altingiaceae.[1] Tangkal ieu asli ti Bhutan, China, India, Malaysia, Myanmar, Thailand jeung Indonésia. Di Indonésia tangkal ieu tumuwuh di sababaraha wilayah di Jawa, Bali, jeung Sumatra dina élévasi antara 500-1700 m. [2] Ieu tutuwuhan leuweung, hirup di alam liar jangkungna bisa 40 nepi ka 60 méter.[3] Salah sahiji tangkalna aya di Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Thumb
Tangkal Liquidambar excelsa koléksi Kebon Raya Cibodas, Cianjur.
Remove ads

Kagunaan

Rasamala mibanda niléy ekonomi alatan kaina kuat sarta ngahasilkeun geutah/ damar anu meleber seungit, dimangpaatkeun pikeun campuran bahan seuseungitan. [1] Daun ngorana mibanda kelir beureum bisa dilalab, disayur, ogé pikeun ubar batuk. Kaina teuas tur kuat, remen dijieun bahan nyieun jambatan, bantalan rél karéta api, lantai, nepika parahu. [3] [4] Geutah pait anu disebut storax anu asalna tina kulit kai nu dipotong ieu digunakeun keur sababaraha pangobatan saperti bisa nurunkeun panas, ningkatkeun gairah, sarta ngubaran leukoderma, bronkitis, panyakit empedu, batu kandung kemih, jeung arateul. Sedengkeun dina prakték Unani, geutah ieu dianggap mibanda hasiat minangka tonik, ngurangan gas dina pencernaan, ngaleungitkeun dahak, sarta ngubaran nyeri tikoro.[5]

Remove ads

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads