Rwanda, resmina Républik Rwanda (Kinyarwanda: Repubulika y'u Rwanda; Basa Prancis: République du Rwanda; Basa Inggris: Republic of Rwanda), nyaéta hiji nagara di Afrika beulah tengah/wétan kalawan populasina kira-kira 11,4yuta (2011). Rwanda aya sababaraha derajat kiduleun ékuator. Nagara ieu wawatesan jeung Uganda, Tanzania, Burundi, sareng Républik Démokratik Kongo. Saantéro Rwanda aya dina kaluhuran nu luhur, kalawan géografina didominasi ku pagunungan di kulon, savana di wétan, jeung raloba dano. Iklimna sedeng, kalawan 2 panghujan jeung 2 halodo saban taun.