Santri

From Wikipedia, the free encyclopedia

Santri
Remove ads

Santri nyaéta anu keur dialajar di pasantrén salian ti éta istilah santri ogé ditujukeun pikeun jalma nu sok ngingilu dina kagiatan kaagamaan atawa ogé jelema nu sok nuturkeun Kyai.[1] Kecap santri hartina murid dina basa Jawa/basa Sunda asalna tina kecap “cantrik” (Sunda:Catrik) (Basa Sangsakerta, atawa mungkin basa Kawi) anu hartina jelema anu teu weléh nuturkeun guru.[2]

Thumb
Santri di Madiun taun 1867

Istilah santri ogé kapanggih dina basa Tamil, anu hartina 'guru ngaji'.[3] Ana pon C.C Berg mah boga sawangan yén éta istilah santri téh asalna tina istilah “shastri”, anu dina basa India mah hartina jelema anu nyaho buku-buku suci agama Hindu atawa saurang sarjana ahli kitab suci agama Hindu.[2] Sakapeung sok dianggap minangka gabungan kecap saint (manusa hadé) jeung rarangkén tra (resep nulungan), jadi kecap pasantrén hartina bisa jadi tempat pangatikan jalma-jalma hadé.[3]

Aya ogé istilah santri kalong, nu ilahar dipasantrén, nyaéta sebutan pikeun santri nu ngilu diajar jeung ngaji tapi teu matuh cicing dipasantrén, ku sabab imahna deukeut jeung pasantrén.[4]

Kiwari Presidén geus nangtukeun poé santri nasional ping 22 Oktober. Jadi unggal kaping 22 oktober téh kiwari mah dipiéling jadi poé santri nasional.[5]

Remove ads

Tingali ogé

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads