Sapi

From Wikipedia, the free encyclopedia

Sapi
Remove ads

Sapi nyaéta sato tandukan hasil doméstikasi anggota subfamili Bovinae ti famili Bovidae. Sapi diternakkeun pikeun diala daging, susu, kulit, jeung tanagana. Di India, misalna, sapi téh malah dihurmat, teu meunang dirogahala numutkeun kapercayaan Hindu. Kiwari, sadunya téh aya kira 1,3 miliar sapi .

Fakta Singget Status konservasi, Klasifikasi ilmiah ...

Numutkeun paniténan munggaran ku Carolus Linnaeus, sapi téh digolongkeun kana tilu spésiés: Bos taurus (sapi Éropah, kaasup tipe nu sarupa ti Aprika jeung Asia), Bos indicus (zebu), jeung Bos primigenius (geus lastari). Nu pamungkas mangrupa karuhun pikeun dua nu ti heula. Kadieunakeun, tilu spésiés ieu ngariut jadi hiji, maké ngaran Bos primigenius taurus, Bos primigenius indicus, atawa Bos primigenius primigenius. Sapi ieu bisa ogé baranahan mun jeung spésiés séjén nu deukeut, misalna jeung yak, banténg, gaur, jeung bison. Teu bisa sotéh jeung munding.

Remove ads

Baca ogé

  • Albaqoroh (Sapi Bikang), judul/ngaran surat kadua dina Qur'an
  • Ngadu banténg
  • Karapan sapi, balap sapi tradisional di Madura
  • Daptar sato ingon

Rujukan

Tumbu kaluar


Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads