Sarung
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Sarung mangrupa lawon anu baku dipaké ngabunian bagian awak ti semet beuteung ka handap, sarta tungtungna ti gigir dikaput disambungkeun basa lemesna sinjang.[1]

Sajarah jeung kamekaran
Tékstil mangrupa industri pelopor di éra Islam.[2] Dina éra éta, standar tékstil masarakat muslim di Semenanjung Arab loba pisan.[2] Salah sahiji produk tékstil anu mekar di éra Islam jeung masih aya nepi ka ayeuna nyaéta sarung.[2] Sarung di nagara Oman disebut wizaar. Sedengkeun di Arab Saudi disebut izaar.[2] Numutkeun sajarah, sarung téh asalna ti Yunani.[3] Di Yunani mah sarung téh disebut futah.[3] Abad ka-14 mimitina sarung asup ka Indonésia, dibawa ku urang Arab jeung Gujarat.[3] Kamekaran sarung di Indonésia idéntik jeung kabudayaan Islam.[3] Pacampurna budaya sapanjang pesisir Indonésia ngabalukarkeun sarung jadi loba rupana.[3] Désainan Islam, Jawa, Cina jeung Indo-Eropa jadi ngahiji, nepi ka sarung pesisir miboga warna, motif, jeung pola anu leuwih bébas.[3] Jaman baheula nalika penjajahan Walanda, sarung idéntik jeung bajoangna ngalawan budaya barat anu dibawa ku para penjajah.[3] Satuluyna, sarung jadi ciri di antara simbol jeung ajén-ajén budaya Indonésia.[3] Sumebarna sarung lain ngan di Semenanjung Arab, tapi nepi ka Asia belah kidul, Afrika, nepi ka Amerika jeung Eropa.[2] Dina Ensiklopedia Britanica, disebutkeun baju tradisional masarakat Yaman.[2] Sarung geus dipercaya geus diproduksi jeung dipaké ku masarakat tradisional.[2] Ti jaman baheula masarakat Yaman kabiasaan maké sarung geus paheut nepi ka ayeuna.[2] Nepi ka ayeuna sarung Yaman jadi oléh-oléh has tradisional ti Yaman.[2] Mimitina sarung ngan dipaké ku sélér baduy anu cicing di Yaman.[2] Sarung ti Yaman asalna tina kaén bodas anu dicelep kana neel nyaéta bahan gincu anu warnana hideung.[2] Sarung Yaman aya sababaraha rupa di antarana modél assafi, al-kada, jeung annaqshah.[2] Nepi ka ayeuna, anu digarawé di Yaman masih kénéh maké sarung.[2] Urang Yaman amké sarung henteu nepi ka mumuncangan jiga urang Indonésia.[2] Sarung ogé geus jadi raksukan anu penting dina tradisi Islam di Indonésia.[2]
Remove ads
catetan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
