Sigmund Freud

From Wikipedia, the free encyclopedia

Sigmund Freud
Remove ads

Sigmund Freud (1856-1939) nyaéta élmuwan anu kasohor dina widang psikologi anu lahir di Freiberg, Cekoslovakia (harita masih ngahiji jeung Austria) tanggal 6 Méi 1856[1][2]. Freud lulus ti Universitas Wina Fakultas Kadokteran, tapi Freud teu pernah boga niat pikeun muka prakték, najan ahirna ma Freud tetep mua prakték sabab Freud butuh dana pikeun ngabiayaan panalungtikanna [1][2]. Sacara inténsip, Freud ngalaksanakeu kajian psikologi, nagbentuk staf klinik psikiatri, muka prakték pribadi dina widang neurologi, gawé di Paris jeung neurolog Perancis, Jean Charcot katut dokter asal Wina, Josef Breuer[1].

Thumb
Sigmund Freud (1922)

Najan kawatesanan ruang gerak, Sigmund Freud henteu pareumeun léngkah, manéhna terus produktip, loba buku-buku anu dihasilkeunana, dimulai tina buku ngeunaan hysteria (1895), nepi ka buku Outline of psychoanalisis[1][2]. Freud ogé ngabentuk kelompok diskusi anu nalungtik ngeunaan psikologi di Wina dina taun 1902[1][2]. Kontribusi Sigmund Freud dina mekarkeun élmu psikologi kacida gedéna, utamana panalungtikan ngeunaan prosés alam bawah sadar, sacara gurat badag diécéskeun saperti kieu:

  1. Freud nunjukkeun yén alam bawah sadar mérépangaruh kana ngimpi anu sok kaalaman ku manusa,
  2. Freud ngembangkeun téhnik psikoanalisa minangka métodeu pikeun ngubaran panyakit anu patalina jeung kajiwaan,
  3. Freud ngarumuskeun tiori ngeunaan kapribadian manusa,
  4. Freud ngembangkeun tiori psikologi anu patalina jeung rasa hariwang, mékanismeun pertahanan diri, sublimasi, jrrd[1][2].
Remove ads

Pamikiran

Alam bawah sadar

Sigmun Freud mertélakeun yén alam bawah sadar mangrupakeun bagéan panggedéna tina pikiran. Alam bawah sadar nyaéta paranti nyimpen pikiran anu rumit siga kahayang, naluri, kenangan, atawa émosi anu timbul tina trauma. Alam bawah sadar ogé mangrupakeun sumber motivasi pikeun kahayang jalma boh anu sederhana atawa anu sifatna kréatif.[3] Numutkeun Freud, sumber alam bawah sadar asalna tina warisan filogénétik. Warisan ieu nyayogikeun pangalaman anu diulang sacara génétika.[4] Ku kituna, lolobana kalakuan jalma anu diwangun ku kakuatan psikologis teu tiasa ditingali kaayannana.[5]

Psikoanalisis

Sigmund Freud nyaéta jalma anu pang mimitina ngajelaskeun téori psikoanalitik. Téori ieu dipaké pikeun méré katerangan sistematis ngeunaan kapribadian hiji jalma dumasar kana kualitas psikologisna. Psikoanalisis disebut ogé psikologi jero. Ieu kusabab éta henteu ngan ukur ngajelaskeun penampilan luar kapribadian tapi ogé kapribadian batin anu teu disadari ku jalma éta.[6]

Ageman

Sigmund Freud nyaéta salah sahiji pamikir anu ragu kana ayana agama.[7] Sikep Freud kana agama jeung spiritualitas kacida pesimisna. Dina téori kapribadianna, anjeunna ngajelaskeun yén sangkan boga agama mangrupakeun fénoména anu nunjukkeun teu mampuna manusa pikeun ngarengsekeun masalah kahirupan. Numutkeun Freud, manusa yakin kana agama jeung spiritualitas ngan saukur wentuk pangauban jalma jeung pikeun ngurangan beban kahirupan.[8]

Remove ads

Maotna

Sigmund Freud maot dina umur 83 taun di London tanggal 23 Séptémber 1939 sabada dipaksa pindah lantaran Austria geus dikawasa ku NAZI, Jerman[1][2]. Ditambah panyakit kanker tulang rahang anu dirandapan ti taun 1923, Freud kungsi di Operasi nepi ka 30 kali salila hirupna[1][2].

Référénsi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads