Sirib

From Wikipedia, the free encyclopedia

Sirib
Remove ads

Sirib (lifnet) nyaéta prabot pikeun ngala lauk wanguna jaring pasagi.[1] Sirib katelah ogé tangkul atawa anco ilahar dipaké ngala lauk di balong, situ, rawa, jeung susukan anu caina teu pati jero jeung nyéot.[2] Saméméh dipaké, unggal juru jaringna dicantelkeun heula kana awi pangbatek sangkan mébér tur gampang teuleum ka jero cai.[3] Tuluy awi pangbatekna di pasangkeun kana kuluwung cacangked anu ditalikeun kana gagang (gantar) paranti narik sirib tijero cai.[4]

Thumb
Sirib keur dipaké

Gagang paragi ngangkat sirib ti jero cai panjangna kurang leuwih 2 - 4 méter, gedé awi pangbatekna kurang leuwih dua ramo.[5] Jaring sirib ilaharna dijieun tina kantéh atawa nylon .[6] Ukuran carangna (mata jaring) rupa rupa ti mimiti 1.0 cm, 1.25 cm jeung 3.0 cm.[7]

Remove ads

Tempo ogé

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads