SpeedCast
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
SpeedCast nyaéta pausahaan panyadia raramat sadunya sarta layanan satelit komunikasi nu nawarkeun layanan jasa raramat kualitas panghadéna leuwih ti 90 nagara; sarta raramat maritim nu ngalayanan konsumén di sakuliah dunya.[1] Kalayan 40 kantor sales pangrojong di sakuliah dunya sarta 39 téléport, SpeedCast mibanda infrastruktur unik nu ngawula konsumén global.[1] Kalayan leuwih ti 2.200 palanggan ngaliwatan leuwih ti 4.000 situs téréstrial sarta sakitar 5.000 rig jeung kapal cai di sagara.[1] Udagan SpeedCast dina solusi nu disaluyukeun pikeun lima ségmén palanggan utama: télékomunikasi, maritim, énérgi & sumber daya alam, pamaréntah & LSM, sarta pausahaan.[1]

Remove ads
Sajarah
SpeedCast diadegkeun dina taun 1999. [2]AsiaSat jadi nu nyekel saham utama di SpeedCast dina bulan Maret 2000.[2] Dina bulan Nopémber 2007, AsiaSat meuli sakabéh saham jadi 100% mibanda SpeedCast.[3] SpeedCast ngalayanan jasa satelit komunikasi pikeun konsumén leuwih ti 13 taun kaliwat.[2]
Asosiasi TA, hiji pausahaan ékuitas swasta global nu kasohor, meuli SpeedCast ti AsiaSat dina bulan September 2012.[4]
Ti mangsa harita, SpeedCast geus meuli tilu pausahaan satelit komunikasi: Australian Satellite Communications ("ASC") puseurna di Australia Kidul dina bulan Désémber 2012; Elektrikom Satellite Service ("Elektrikom") puseurna di Walanda dina bulan Januari 2013; sarta Pactel International ("Pactel") puseurna di Australia dina bulan April 2013. [5]
Dina bulan Juni 2014, SpeedCast ngabéwarakeun akuisisi Oceanic Broadband minangka panyadia integrator sarta solusi Australia.[6]
Dina bulan Agustus 2014, SpeedCast kadaptar di Bursa Éfék Australia (ASX: SDA). Archived 2025-01-25 di Wayback Machine,[7]
Dina bulan Maret 2015, SpeedCast meuli pausahaan Hermes Datacomms panyadia layanan raramat global kasohor pikeun widang industri migas.[8]
Dina bulan Méi 2015, SpeedCast meuli pausahaan Geolink Satellite Services diharepkeun pikeun ngaronjatkeun pausahaan di Afrika, kalayan Geolink aktif leuwih ti 20 negara. [9]
Dina bulan Juli 2015, SpeedCast meuli pausahaan NewSat & SAIT Communication panyadia layanan komunikasi maritim nu mekar pesat di Éropa kidul.[10]
Dina bulan Nopémber 2015, SpeedCast meuli pausahaan ST Teleport panyadia layanan komunikasi satelit kasohor di Singapura.[11]
Dina bulan Désémber 2015, SpeedCast meuli pausahaan NewCom International panyadia layanan komunikasi satelit di wewengkon Kidul sarta Amérika Tengah.[12] Kalayan akuisisi ieu, SpeedCast ngarancanakeun pikeun ngaronjatkeun kamampuhna pikeun ngalayanan sarta ngarojong palanggan sacara global, ngawengku pasar Amérika Kidul nu keur mekar. [12]
Dina bulan Agustus 2016, SpeedCast meuli pausahan WINS System panyadia layanan komunikasi VSAT sarta L-band sarta layanan raramat telepon selular maritim internasional pikeun kapal-kapal pasiar sarta kapal féri.[13]
Dina bulan Nopémber 2016, SpeedCast meuli kontan pausahaan Harris Caprock US $ 425 juta. [14]
Remove ads
Inohong penting
Pierre-Jean Beylier, CEO: Pierre-Jean ngagabung SpeedCast dina bulan Désémber 2000, Pupuhu utama Sales & Marketing sarta ayeuna ngajabat minangka CEO ti bulan Juli 2004.[15]
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads