Stasion Ancol
stasion karéta api di Indonésia From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Stasion Ancol (AC) (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮃᮔ᮪ᮎᮧᮜ᮪) nyaéta stasion karéta api kelas III/leutik anu pererahna di Ancol, Pademangan, Jakarta Utara tepatna dina jalur KRL Commuter Line jalur Tanjung Priuk mimiti ti Stasion Jakarta Kota dugi ka Stasion Tanjung Priuk. Stasion anu pererahna dina kaluhuran +3 m ieu kaasup tina Daérah Operasi I Jakarta. Stasion ieu letakna teu jauh ti Seaworld Taman Impian Jaya Ancol. Stasion ieu miboga opat jalur karéta teu ngabogaan sepur belok; nu mana jalur ganda di sisi kalér anu arah Jakarta Kota-Kampung Bandan jeung di jalur ganda sisi kidul anu arah ti Rajawali.
Di beulah wetan stasion ieu, tepatna sabaraha meter saacan asup Stasion Tanjung Priuk, aya parcabangan ka Pasoso-Depot Pertamina Cilincing. Jalur nuju Depot Pertamina parantos ditutup ti taun 1990an, sedengkeun jalur anu nuju ka Pasoso/Palabuhan Tanjung Priok masih aktip pikeun ngangkut bongkar muat Peti Kemas/Kontainér.
Ti tanggal 25 Juni 2016, Stasion Ancol diaktifkeun deui jeung kiwari pikeun ngalayanan KRL relasi Jakarta Kota-Tanjung Priuk pp.[3]
Remove ads
Layanan karéta api
KRL Commuter Line
Pink Line, tujuan Jakarta Kota jeung tujuan Tanjung Priuk
Akses ka Stasion
Antarmoda Pangrojong
Jalan tol
Rujukan
Tumbu Kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
