Stasion Nambo
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Stasion Nambo (NMO) nyaéta stasion karéta api kelas III/leutik anu perenahna di Bantar Jati, Klapanunggal, Bogor. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +114 méter ini kaasup ka Daérah Operasi I Jakarta sarta mangrupa stasion pangwétanna di Kabupatén Bogor. Sanajan stasion ieu ngaranna Nambo, stasion ieu perenahna lain di Désa Nambo, tapi di beulah kulon Désa Nambo.
Stasion ieu, jeung tilu stasion nu lainna di jalur ieu, mangrupa stasion anyar lantaran karék diresmikeun di taun 1997. Awalna, jalur ieu rék dijieun ngabuleud, ti Cikarang nepi ka Parungpanjang. Rencana ieu kapaksa ditunda lantaran krisis ékonomi 1997. PT Kereta Api Indonesia ngaoperasikeun KRD Tanahabang-Nambo di taun 2002. Karéta ieu ngan beroperasi nepi ka taun 2007 lantaran bocorna kauntungan PT KA lantaran loba panumpang nu teu mareuli tikét.[3]
Mimiti 4 Désémber 2013, dioperasikeun karéta api barang angkutan semén ti Nambo ka Kalimas.[4][5] Dina kamekaranana, layanan ieu tuluy diperpanjang nepi ka Banyuwangi Baru.[6] Mimiti 1 April 2015 stasion ieu geus ngalayanan KRL Commuter Line anu berangkat 9 kali sapoé kalawan ruteu Nambo–Depok/Angké.[7]
Stasion anu mangrupa stasion ujung ieu miboga dalapan jalur karéta api. Wangunan stasion ieu mirip jeung villa. Arsitéktur stasion ieu ogé mirip jeung Stasion Cibinong.
Remove ads
Layanan karéta api
KRL Commuter Line
Yellow Line (Nambo branch), jurusan Angké
Barang
- KA Semen Tiga Roda, jurusan Kalimas nyambung ka Banyuwangi (pikeun ka Banyuwangi teu beroperasi unggal poé)
- KA Babarandék, jurusan Cigading
Galéri
- Papan ngaran Stasion Nambo
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
