Suji
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Suji (Dracaena angustifolia) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Asparagaceae.[1] Suji asalna ti Guinéa.[2] Di Indonésia, tutuwuhan ieu geus lila dipikawanoh.[2] Cai daun suji bisa dipaké pikeun méré warna kana kuéh, misalna kuéh kelepon, ager, jeung sajabana. Salian pikeun pawarna, tutuwuhan ieu bisa dipaké ogé salaku tutuwuhan hias.[2]
Ieu tutuwuhan kaasup perdu ngadeg atawa tangkal leutik nu jangkungna leuwih ti 60 cm, miboga cabang loba, Daunna wangun pita atawa lansét, nyempit di handap dasar palapah, nyungcung pisan.[3] Sistim kembang mangrupa malai, miboga cabang, panjang leuwih ti 75 cm, kembang warna kakonéng-konéngan nepi ka bodas.[3] Buahna buleud miboga tilu cuping, diameter 1,5-2,5 cm, warna jingga caang , eusi 1-3 siki.[3] Tutuwuhan ieu miboga sababaraha ngaran daérah, saperti pendusta alam (Ambon);[3]
Remove ads
Referensi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
