Sukrosa
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Sukrosa (gula méja, ogé disebut sakarosa) nyaéta disakarida glukosa jeung fruktosa nu disambungkeun ku beungkeut glikosida α (alfa) 1,2 kalawan rumus molekul C12H22O11. Ngaran sistematikna β-D-fruktofuranosil-(2→1)-α-D-glukopiranosida (ditungtungan "-osida", ku sabab lain gula peréduksi). Ieu karbohidrat ngan dihasilkeun ku tutuwuhan, penting pisan salaku asupan pikeun bangsa sato.

Remove ads
Pasipatan fisik jeung kimia

Sukrosa murni ilaharna disadiakeun dina bentuk tipung bodas, tanpa bau, kristalin, kalawan rasa anu amis: gula pikeun tuang leueut. Sukrosa sacara umum diala tina sumber-sumber alami, tapi bisa ogé dijieun sacara kimiawi (munggaran ku Raymond Lemieux taun 1953[1]).
Baca ogé
- Karbohidrat
- Gula
- Gula dina arak
- Kimia karbohidrat
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
