Surat
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Surat nyaéta alat komunikasi anu ngagunakeun basa, sangkan informasi atawa warta bisa katarima ku nu maca.[1] Ti jaman baheula nepi ka ayeuna jalma teu bisa leupas tina kapentingan jeung jalma lian boh nu aya di sabudeureunana, boh nu aya di jauhna.[1] Ngaliwatan surat, sagala béwara, pernyatan, katerangan, pamérédih, laporan, jeung pamondah bisa gampang kaharti maksudna.jaman baheula mah wangun surat kacida basajanna, boh cara nulisna, boh cara ngirimkeunana.[1] Sok sanajan ayeuna alat komunikasi geus sakitu majuna saluyu jeung kamajuan téknologi, peranan surat angger dipikabutuh.[1]

Remove ads
Jenis-jenis Surat
- Surat kulawarga: sipatna kakulawargaan dina hirup kumbuh sapopoé saperti antara sobat jeung sobat, anak jeung kolot, lanceuk jeung adi.[1]
- Surat Niaga: ditulis ku jalma anu bagerak dina lapangan buniaga jeung pausahaan, eusina ngeunaan buniaga.[1]
- Surat Dines,ditulis ku lembaga/ instansi pamaréntah/ swasta, eusina ngeunaan kadinesan jeung sagala formalitasna.[1]
- Surat Organisasi, ditulis ku organisasi anu sipatna merjuangkeun gagasan organisasi.[1]
Remove ads
Kauntungan Surat
Babagian Surat
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
