Surili

From Wikipedia, the free encyclopedia

Surili
Remove ads

Surili (Presbytis comata, génus Presbytis, golongan Langur, subfamili Colobinae, famili Cercopithecidae, superfamili Cercopithecoidea.[3] Ciri umumna bulu hideung-coklat jeung rada hawuk, buntut jeung disabudeureun dadana bodas. Surili mangrupa spésiés monyét éndemik wewengkon Tatar Sunda (Jawa Kulon-Tengah), utamana di wewengkon Ujung Kulon, Leuweung Sancang, Gunung Gedé, Gunung Halimun, Gunung Tilu, jeung Gunung Patuha. ku sabab éndemik Jawa Kulon (wewengkon administratif Jabar jeung Banten), surili ieu dijadikeun salah sahiji ikon sato/fauna Jabar.[4]

Fakta Singget Status konservasi, Klasifikasi ilmiah ...


Ceuk Direktur Konsérvasi Alam Nusantara (Konus) kira-kira 10 taun kaliwat, populasi surili antara 4.000-6.000. Kiwari, taun 2006 jumlahna kurang ti 4.000. Nu jadi sabab leuweung nu salila ieu jadi habitat asli ukur nyésa dalapan persén. Salian ti éta surili ogé salah sahiji primata nu umum dijualbelikeun kalayan ilégal, padahal surili geus dilindungi kalayan maké payung hukum SK Menteri Kehutanan No 301/1991.

Remove ads

Sumber rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads