Syarif Amin

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Syarif Amin atawa Moehammad Koerdie katelahna Pa Kurdi nyaéta salah sahiji pangarang Sunda (Ciamis, 7 Séptémber 1907-Bandung 1991).[1] Manéhna kaasup tokoh perintis pérs Indonésia.[1] Mimiti ancrub kana kagiatan jurnalistik taun 1929, jadi wartawan surat kabar basa Sunda Sipatahoenan.[1] Taun 1938, kaselir jadi pamingpin rédaksina, di sagigireun jadi pananggung jawab rédaktur mingguan Bidjaksana.[1] Dina jaman Jepang, milu jadi réngréngan rédaktur koran Tjahaya.[1]

Dina jaman sanggeus merdéka, kungsi medalkeun surat kabar Soeara Merdéka jeung Indonésia, tapi ahirna balik deui nyekel Sipatahoenan tepi ka awal taun 1970-an.[1] Sanggeus lésot ti Sipatahoenan, manéhna jadi diréktur PT Balé Bandung jeung rédaktur majalah Prima.[1]

Dumasar kana jasa-jasana dina ngabeungharan sastra Sunda, dina taun 1990 Pa Kurdi dilélér Hadiah Rancagé pikeun jasa-jasana.[1]

Remove ads

Karya-karyana

  1. Di Lembur Kuring
  2. Saumur Jagong
  3. Keur Kuring di Bandung
  4. Kembang Patapan
  5. Asal-usul Logojo Paris
  6. Rajapati
  7. Babu Kajajadén
  8. Nyi Haji Saonah
  9. Manéhna [1]

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads