Tangkorak

From Wikipedia, the free encyclopedia

Tangkorak
Remove ads

Tangkorak atawa tangkorék mangrupa wangun tulang nu ngabentuk hulu dina lolobana sato nu guna utamana pikeun ngabentuk beungeut jeung mungkus uteuk. Sato nu boga tangkorak disebutna Craniata. Tangkorak diwangun ku dua bagian: cranium jeung mandible atawa rahang handap. Tangkorak nu geus euweuh rahang handapan disebutna cranium.

Thumb
Tangkorak manusa (ti hareup)

Ngabungkus uteuk téh ukur salah sahiji guna tangkorak. Jarak antarpanon nu penting pikeun sawangan stéréoskopik ogé ditangtukeun ku tangkorak. Kitu ogé perenah ceuli nu penting dina pangiraan arah jeung jarak sora, ditangtukeun ku tangkorak. Di sababaraha sato, tangkorak ogé boga guna salaku taméng (misalna domba nu perlu kakuatan tangkorak pikeun nunjang tandukna.

Remove ads

Tangkorak manusa

Thumb
Tangkorak manusa (ti gigir)

Tangkorak manusa galibna diwangun ku 22 tulang. Iwal cacapék handap, sakabéh tulang tangkorak 'dikaput' dina pola anu kaku antukna ojahna ngan saeutik pisan. Bungkus uteuk (neurocranium, batok tangkorak nu ngajaga uteuk jeung medulla oblongata). Sésana anu opat welas ngabentuk splanchnocranium, tulang nu ngawangun raray.

Remove ads

Baca ogé

  • Istilah perenah anatomi
  • Anatomi hulu jeung beuheung
  • Prénologi, prosés pseudo-ilmiah pikeun ngaramal kapribadian jalma tina bentuk sirahna.

Rujukan

  • Skull, Wikipédia édisi basa Inggris per 13 April 2007.
  • White, T.D. 1991. Human ostéology. Academic Press, Inc. San Diego, CA.

Tumbu kaluar


Remove ads
Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads