Téko
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Téko nyaéta wadah cai anu bisa dijingjing ka mamana.[1] Asalna tina basa Cina. Téko osok dipaké paranti nganteuran cai nginum biasana cai entéh, nganteuran ka jalma-jalma anu eukeur gawé di sawah atawa kebon jst.[2] Téko biasana aya gagang paranti panyepenganana pikeun ngajingjing.[2] Lamun téko tina bahan seéng di jerona osok dilapisan email.[2]
Rupa-rupa téko
Dumasar kana bahan anu dipakéna:
- Téko sééng [1]
- Téko kaléng [1]
- Téko tembaga [1]
- Téko alumunium [3]
- Téko taneuh liat, téko ieu alusna dipaké jinis téh Oolong.[4]
- Téko stainless stell [4]
- Téko kuningan [4]
- Téko keramik, téko jinis ieu alusna dipaké téh héjo ku sabab téko keramik leuwih téréh ngaluarkeun suhu panas dina jero téko.[4]
- Téko gelas.[4]
Cara ngaleungitkeun kokotor dina téko
Téko ilaharna sok dipaké wadah cai entéh, lila kalilaan téko téh sok jadi kotor alatan urut entéh anu napel warnana.[5] Cara ngaleungitkeun kokotor dina téko nyaéta ku cara téko téh digosok ku lebu, asupkeun éta lebu kana jero téko tuluy béré cai nepi ka pinuh sanggeus kitu antepkeun salila sapeuting.[5] Salain ku lebu bisa ku kulit jeruk nipis. Carana asupkeun beulahan kulit jeruk nipis kana jero téko tuluy digolakeun, sanggeus kitu pareuman éta kompor antepkeun salila sajam.[6] Piceun caina tuluy bersihkeun bagian jero téko.[6]
Remove ads
Sumber Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads