Tin

From Wikipedia, the free encyclopedia

Tin
Remove ads

Citakan:Other uses

Fakta Singget Ficus carica, Status konservasi ...

Tin nyaéta buah dahareun tina Ficus carica, spésiés tangkal leutik kembangan ti suku Moraceae, pituin Méditerania jeung Asia kulon, dipelak ti jaman kuna nepi ka kiwari sumebar ka sakuliah dunya pikeun diala buahna atawa papaés.[3][4] Ficus carica téh spésiés tipe marga Ficus, ngawengku leuwih ti 800 spésiés tatangkalan tropis jeung sobtropis.

Tangkal tin leutik atawa ngarungkun, jangkungna nepi ka 7–10 m (23–33 ft), kulit kaina bodas lemes. Daunna rubak ngaramo tilu atawa lima. Panjang buahna 3–5 cm (1–2 in) kelir héjo nepi ka bungur atawa coklat, daging buahna beureum amis sikian leutik rangu.

Tin bisa didahar langsung atawa digaringkeun, atawa dijieun salé jeung rupa-rupa olahan bungbuahan. Ngan kusabab segerna teu awét, lolobana dipasarkeun garing atawa olahan.

Taun 2018, produksi sajagat ngahontal 1,14 yuta ton, lolobana ti Turkiyé Jeung nagara-nagara Aprika Kalér (Mesir, Maroko, jeung Aljazair).[5]

Remove ads

Baca ogé

  • Ficus racemosa (loa), spésiés pituin Australia, Malésia, Asia Tenggara, jeung sub-buana India
  • Ficus sycomorus, spésiés pituin Aprika jeung Libanon

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads