Tina Talisa

From Wikipedia, the free encyclopedia

Tina Talisa
Remove ads

Tina Talisa nyaéta salah sahiji presenter dina acara TV.[1] Lahir di Bandung Jawa Barat tanggal 24 Désémber 1979.[1] Saméméhna kungsi jadi dokter gigi tur mangrupa lulusan Fakultas Kedokteran Gigi Universitas Padjajaran Bandung dina taun 2001.[1][2]
Tina ogé mangrupa mantan finalis Puteri Indonesia 2003, pinunjul kahiji Mojang Jawa Barat 2003 sarta pinunjul kahiji Mojang Kota Bandung 2002.[2] Pangaresepna dina widang newcaster dimimitian nalika Tina kairut kana dunya broadcasting waktu gawé di Radio Paramuda jeung Radio Mustika.[2] Loba acara nu dibawakeun ku Tina di antarana waé Reportase Soré jeung program warta di Trans TV.[2] Bulan Juni 2007, pindah ka Lativi.[2] Taun 2008 ieu stasion TV téh robah jadi satasion TV nu museur kana warta jeung olahraga kalawan ngaranna TVOne.[2] Tina Talisa digawé di dinya salaku asistén produser sakaligus news presenter.[2] Tina Talisa nuluykeun atikanana di Program Magister Ilmu Komunikasi di Fakultas Ilmu Komunikasi Universitas Padjajaran Bandung.[2]
Tina Talisa kungsi nikah ka putra mantan Kepala Bapennas Paskah Suzetta nyaéta Muhammad Eggi Hamzah.[2] Tapi pipisahan dina taun 2009.[2] Tuluy Tina nikah deui ka pangusaha réstoran ti Acéh dina tanggal 17 Juli 2011.[2] Tina Talisa resmi jadi garwana Amrinur Okta Jaya nénéhna Bang Ade.[2] Acara akad nikahna dilaksanakeun di Hotel Nikko Jakarta Pusat tur kacatet di KUA Ménténg.[2]

Thumb
Tina Talisa
Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads