Tonga
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Tonga, resmina Karajaan Tonga (basa Tonga: Puleʻanga Fakatuʻi ʻo Tonga), mangrupa hiji nagara jeung hiji kapuloan di Samudra Pasifik Kidul, ngawengku 176 pulo nu nyebar dina wewengkon saluas 700.000 km2 di Pasifik Kidul. 52 pulo didumukan.[2]
Tonga ogé katelah salaku Kapuloan Soméah ku lantaran panarimaan nu soméah saur Kaptén James Cook dina natamuna nu kahiji dina 1773. Sigana anjeunna datang basa féstival ʻinasi, pamasihan taunan buah kahiji ka Tuʻi Tonga, pupuhu pangluhurna pulo, jeung narima undangan ka parayaan. Dumasar kana panulis, William Mariner, sabenerna mah para pupuhu séké geus hayang nelasan Cook dina pangumpulan, tapi teu bisa satuju dina hiji rencana.[3]
Administatifna, Tonga dibagi kana 5 divisi: 'Eua, Ha'apai, Niuas, Tongatapu, jeung Vava'u.[4][5]
Remove ads
Étimologi
Dina raloba basa Polinésia, kaasup basa Tonga, kecap tonga boga harti "kidul", sakumaha kapuloan ieu mangrupa grup kapuloan nu pangkidulma di Polinésia tengah.
Tempo ogé
- Lini Tonga 2006
- Karusuhan Tonga 2006
- Lini Tonga 2007
- Lini jeung Sunami Samoa 2009
- Lini Tonga 2009
- Komunikasi di Tonga
- Budaya Tonga
- Hubungan luar nagri Tonga
- Géografi Tonga
- Budaya Kava
- Musik Tonga
- Transportasi di Tonga
- Tupenu
Réferénsi
Bacaan salajengna
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

