Tulip

Génus tutuwuhan From Wikipedia, the free encyclopedia

Tulip
Remove ads

Tulip nyaéta tutuwuhan anu kaasup kana kulawarga Lilicae, ngaran latinna Tulipa. [1] Tulip asalna ti Asia Tengah jeung Asia Barat nyaéta di kawasan Pagunungan Pamir jeung Pagunungan Hindu Kush ogé stepa di Kazakhtan.[1] Kembang tulip kasohor pisan di Walanda, sedeng kembanganna téh di bulan Maret nepi ka April.[2] Ku kituna, Walanda disebut nagri tulip.[2] Tapi mimitina tulip mangrupa kembang nasional di Nagara Iran jeung Turki.[2] Saenyana, tulip téh kaasup kembang nu liar.[2] Masarakat di Nagara Turki, nu munggaran ngabudidayakeun tulip ti awal taun 1000-an, nyaéta nalika masa pamaréntahan kakhalifahan Utsmaniyah.[2] Utamana nalika aya dina kakawasaan Sultan Ahmed III (1703-1730), nepi ka disebut éra kembang tulip.[2] Sedeng asup ka Walanda téh abad  ka 16-an.[2] Ngaran tulip ogé asalna tina basa Turki “surban” anu hartina kaén anu dibeulitkeun kana sirah.[2]

Thumb
Klasifikasi ilmiah kembang tulip Kingdom: Plantae Division: Angiosperms Ordo: Liliales Family: Liliacéae Subfamily : Lilioidéae Genus: Tulipa
Remove ads

Ciri mandiri

Tulip anu kaasup 10 kembang pangéndahna di dunya mibanda sababaraha ciri, di antarana :

  • Kembang taunan anu jangkungna 10 cm-70 cm.[3]
  • Daunna miboga lapisan lilin, nyempit tur panjang.[3]
  • Makutana mibanda 6 daun.[3]
  • Warnana rupa-rupa, aya beureum, oranyeu, konéng, héjo, jeung bungur.[3]
  • Nalika makutana ligar, rupana mirip jeung kuncup.[3]
  • Dina daunna bagéan handap aya bulu-bulu jeung tulang daun anu mangrupa bachidodromus. [4]
  • Catangna ajeg lempeng.[4]
Remove ads

Spésiés

  • Tulip Acuminata ; Jenis tulip anu langka, kembangna warna beureum, bagéan luhurna lencop, sedeng bagéan handapna warna konéng.[rujukan?] Sok disebut tulip api.[1]
  • Tulip Agenensis ; Jenis tulip anu kembangna warna beureum, jeung warna hideung konéng di tengahna.[1]
  • Tulip Armena ; Jenis tulip anu asalna ti Turki, tumuwuh di wewengkon suku gunung batu.[1]
  • Tulip Auchierana ; Jenis tulip anu kembangna warna kayas jeung tengahna warna konéng.[rujukan?] Sumebar di sababarah nagara di antarana Lebanon, Suriah, Turki, Iran, Israél jeung Rusia.[1]
  • Tulip Batalini ; Jenis tulip anu warnana konéng sumebarna di Uzbékistan.[1]
  • Tulip Bakeri ; Jenis tulip anu liar di Crete, kembanganna bulan Maret nepi ka April.[1]
  • Tulip Biflora ; Jenis tulip anu sumebar di Tenggara Rusia jeung Balkan.[1]
  • Tulip Borszczowii ; Jenis tulip nu tumuwuh dina usu semi.[1]
  • Tulip Butkovii ; Jenis tulip anu warnana bodas jeung gandaria.[1]
  • Tulip Carinata ; pulasna beureum.[1]
  • Tulip Celsiana ; Kembangna warna konéng  jeung daunna méncos.[1]
  • Tulip Dasystemon ; Kembangna warna konéng jeung bodas.[1]
  • Tulip Edulis ; Kembangna warna bodas.[1]
  • Tulip Ferganica ; Makuta luarna warna beureum sedeng jerona warna konéng.[1]
  • Tulip Tarda ; jenis tulip anu warnana konéng, tungtung makutana warna bodas.[1]
  • Tulip Urumiensis ; jenis tulip anu warnana konéng, makutana laléncop.[1]
  • Tulip Violacea ; jenis tulip anu warnana kayas jeung coklat.[1]
  • Tulip Whittali ; jenis tulip anu warnana oranyeu jeung tengahna coklat.[1]
Remove ads

Varian

Tulip anu kembanganna leuwih gancang

  • Single Early ; Daun makutana aya 6, kembanganna bulan April, jeung jangkungna 20 cm - 30 cm.[4]
  • Double Early ; Makutana leuwih ti 6, kembanganna bulan Maret,  jeung jangkungna 20 cm - 30 cm.[4]
  • Kaufmaniana ; Kembanganna bulan Maret, catangna pendék, jeung jangkungna 10 cm - 20 cm.[4]
  • Fosteriana ; Babari ligarna, catangna pendék, jeung jangkungna 10 cm - 20 cm.[4]

Tulip anu kembanganna rada elat

  • Triumph ; Bentuk kembangna siga endog, catangna kuat tur fléksibel kana cuaca, jeung jangkungna 25 cm - 41 cm.[4]
  • Darwin Hybrid ; Catangna kuat tur tahan kana virus, kembanganna ligar bulan April, jeung jangkungna 30 cm - 51 cm.[4] Kapanggihna nalika perang dunia kadua.[5] Hasil persilangan antara tulip fosterianan jeung tulip darwin.[5]
  • Greigii ; Catangna kukuh, ukuranna kembangna teu pati gedé tur rekah nalika kacahyaan panonpoé, kembanganna bulan April, jeung jangkungna 20 cm - 30 cm.[4]

Tulip anu kembanganna elat

  • Single late ; Makutana leutik pisan.[5] Catangna panjang jeung kuat, kembangan di ahir bulan April, jeung jangkungna 37 cm - 76 cm.[4]
  • Double late ; Makutana loba, kembangan di ahir bulan april, jangkungna 30 cm - 41 cm.[4]
  • Lily-flowered tulip ; Catangna panjang, daun makutana méncos, kembangan di ahir bulan April, jeung jangkungna 37 cm - 76 cm.[4]
  • Fringed group ; Makutana siga nu pinuh ku Kristal, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna nepi ka 76 cm.[4]
  • Vridiflora ; Umurna panjang, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna 41 cm - 61 cm.[4]
  • Rembrandts ; Bebas tina panyakit, kembangan ahir bulan April.[4]
  • Parrot ; Catangna kukuh tur kuat, dina tengah makutana aya warna héjoan, kuat dina cuaca anu teu hadé, kembangan ahir bulan April, jeung jangkungna 31 cm - 41 cm.[4]

Mangpaat

Lian ti kaéndahan kembangna, tulip ogé miboga mangpaat pikeun kaséhatan, di antarana :

  • Ubar panyakit anémia.[6]
  • Ngalancarkeun aliran getih.[6]
  • Ubar kanker getih.[6]
  • Ngubaran kasakit nyeri tonggong.[6]
  • Ubar linu.[6]
  • Antiparasit dina getih.[6]
  • Antioksidan nu alami.[6]
  • Nyéhatkeun kulit.[6]

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads