Ubuntu

From Wikipedia, the free encyclopedia

Ubuntu
Remove ads

Ubuntu nyaéta sistem operasi lengkap dumasar kana Linux, disayagakeun kalawan bébas jeung meunang pangrojong boh nuasalna ti komunitas boh ti tanaga ahli professional. Ubuntu sorangan dimekarkeun ku komunitas sukarélawan Ubuntu.[rujukan?] “Ubuntu” asalna tina basa Afrika kuno, anu ahartina ‘rasa perikamanusaan ka sasama manusa”.[rujukan?] Tujuan tina distribusi Linux Ubuntu nyaéta pikeun mawa sumanget anu nyangkaruk dina Ubuntu kana dunya pakakas lemes dina dunya komputer.[1][2]

Thumb
Logo distribusi Linux Ubuntu

Ubuntu téh mangrupa syitem operasi anu kumplit anu ngutamakeun komunitas, pangrojong, jeung sangkan babari dipaké tanpa ngurangan kecepatan, kakuatan, atawa fléksibilitas.[rujukan?] Ieu téh nyaéta Linux pikeun kahirupan manusa, dirarancang pikeun saha baé ti pamaké komputer dasar nepika para ahli.[3]

Ubuntu ngasupkeun leuwih ti 6.000 siki pakakas lemes, jeung pikeun instalasi desktop bisa dilakukeun ngan uku maké hiji CD baé. [rujukan?] Ubuntu ngasupkeun sakumna aplikasi standar pikeun desktop ti mimiti paholah kecap, aplikasi lambar sumebar (spréadsheet) nepika aplikasi pikeun ngaksés internet, pakakas lemes pikeun server wéb, pakakas pikeun basa pamrograman jeung ogé kaulinan.[1]

Remove ads

Falsafah

Thumb
Ubuntu Linux pikeun manusa

Ubuntu mibanda palsapah:

  • pakakas lemes sakuduna disadiakeun kalawan bébas biaya
  • éta aplikasi pakakas lemes téh kudu bias dipaké dina basa local sewing-séwangan pikeun jalma-jalma anu kawatesanan fisik jeung,
  • pamaké kudu boga kabébasan pikeun ngaropéa pakakas lemes pikeun naon baé anu dipikabutuh ku maranéhna.[rujukan?]

Ngeunaan hal kabébasan ieu pisan anu ngajadikeun Ubuntu béda tina akakas lemes nu dipiboga (proprietary); lain ngan saukur anu ku Anjeun dipikabutuh disadiakeun kalawan bébas, tapi Anjeun ogé boga hak pikeun ngaropéa pakkas lemes Anjeun nepika éta pakakas lemes téh bisa dipaké kalawan kumaha kahayang Anjeun.[1]

Remove ads

Nu Medal (rilis)

Daftar Ubuntu anu geus medal jeung anu dirarancang pikeun dipedalkeun[4]:

Thumb
Ubuntu 11.04 Natty Narwhal vérsi panganyarna
Informasi leuwih jero Versi, Tanggal Rilis ...
Remove ads

Galeri

Ubuntu Kiwari

Vérsi Ubuntu nu munggaran téh dumasar kana desktop GNOME. Sabada éta ogé ditambahkeun édisi KDE, Kubuntu, jeung édisi server.[rujukan?] Sakumna édisi Ubuntu ngabagikeun infrastuktur jeung umum, nu matak ngajadikeun Ubuntu minangka platform unik anu skalana ti mimiti konsumén éléktronik pikeun desktop, jeung ngawang-ngawang pikeun komputasi pausahaan.[rujukan?] Pengembang bisa digawé dina desktop maranéhna dina rupa-rupa pilihan jeung bisa ngirim kode ka ka server cloud nu dioperasikeun dina Ubuntu édisi server.[2]

Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads