Wae Rebo
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Waé Rébo mangrupa salah sahiji désa tradisional anu aya di Pulo Florés, Nusatenggara Timur, anu geus narima pangajén minangka anu boga kaonjoyan pagalusna ti UNESCO dina kagiatan UNESCO Asia Pacific Heritage Awards 2012, kalayan dibéwarakeun di Bangkok, dina tanggal 27 Agustus 2012, ngéléheun 42 nagara séjénna.[1] [2]Waé Rébo, mangrupa Désa leutik sarta nyingkur ieu téh kawentar ku ayana pangwangunan tradisional Mbaru Niang anu diwangun dumasar kana sumanget babarengan masarkat pikeun ngahontal tradisi anu manjang, sarta dina waktu anu sarua ogé masarakat ngaronjatkeun karaharjaan désana.[1] Waé Rébo désa leutik nu kacida nyingkurna téh ayana kira-kira 1.100 méter luhureun beungeut laut, sarta kira-kira 3-4 jam lalampahan leumpang ti Désa Déngé.[1] Alam Waé Rébo bener-bener dikurilingan ku pagunungan anu éndah sarta leuweung Todo anu rembet, anu di jerona loba kacida rupa-rupa tutuwuhan tropis sabangsanaing angkrék, pakis jeung sajabana.[1] Ku kituna, di dieu mah taya jaringan internét. Kitu deui listrik, ukur aya ti jam genep nepi ka jam sapuluh peuting.[1] Hawa di Waé Rébo kaitung tiris, utamana nalika usum halodo, jadi lamun hayang datang ka Waé Rébo kudu mawa jékét.[1]
40x40px|link=|alt= | Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina. |

Remove ads
Asal-usul Kampung Waé Rébo
Anu ngadegkeun déa Waé Rébo téh ngaranna Empu Maro, inyana ngawangin éta désa kira-kira 100 taun ka tukang, anu kiwari nyicingan téh turunan ka-18 na.[2] Ari Empu Maro alias Empo Maro téh asalna ti Minangkabau. Inyana balayar ti Pulo Sumatra ka Labuan Bajo. Ari mimitina mah Empu Maro téh teu boga tempat cicing, tapi ahirna mah tumetep di Waé Rébo anu nepi ka kiwari masih aya.
Aya ogé pérsi tradisi lisanna, yén Waé Rébo anu geus dicicingan ku dalapan welas generasi, dipingin ku saurang panatatua anu ngabogaan visi.[3] Inyana mingpin dataran luhur Florés dina kaayaan alam anu pikabetaheun.[3] Ddina taun 1997, pamaréntah daérah munggaran nyieun sikep pikeun ngarojong pangwangunan Waé Rébo, salaku salah sahiji tujuan wisata. Maranéhna ngarojong dina wangun invéstasi dina ngawangun dua imah Mbaru Niang. Dina taun 2008 aya sakelompok arsiték anu dumuk di Jakarta, kalayan rojongan ti pamaréntah daérah jeung masarakat, maranéhna ngarénopasi sésa-sésa imah Mbaru Niang.[3][4]
Remove ads
Pakampungan di Méga Malang & Mbaru Niang

Waé Rébo, aya dina dataran luhur kurang lleuwih 1200 mdpl anu dikurilingan ku pasir-pasir anu masih kénéh ngémploh héjo.[5] Teu anéh lamun hawana tiis jeung sok kaluar haseup bodas nu nyimbutan, nepi ka disebut "Perkampungan di atas awan." [6] Sok sanajan lokasina jauh pisan, sarta hésé pikeun dijangkow, tapi Waé Rébo kacida narik ati wisatawan, kitu deui wisatawan asing, ti nagara-nagara Éropa sabab maranéhna kataji ku disain jeung arsitéktur anu matak narik ati. Salah sahijina nyaéta wangunan imah adatna anu wangunna siga haseupan, disebutna Mbaru Niang.[7] [8] Ukuranna kira-kira 12-15 méter, jangkungna kira-kira 8-10 méter.[7] Hateupna dijieun tina daun lontar, anu dilapisan ku injuk sangkan weweg, sarta hateupna éta ngangsar nepi ka bagian handap wangunan.[7] Di jero Mbaru Niang, umumna aya lima nepi ka geep kamar.[5] Tapi imah pupuhu adat mah nepi ka dalapan kamar.[5] Sok sanajan katingalina ngan saumpak, tapi wangunan Mbaru Niang téh di jerona mah ngabogaan lima umpak kalayang pungsi anu béda. Anu utamana, umpak dasarna, digunakeun pikeun kamer saré jeung ruang tamu.[5] Geura urang tataan hiji-hijina.
Umpakan ka-1
Umpakan ieu digunakeun pikeun rohangan kulawarga atawa tempat ngumpul.[9]
Umpakan ka-2
Satuluyna, umakan ka dua digunakeun pikeun tempat nyimpen barang-barang sapopoé sarta bahan-bahan kadaharan,[9]
Umpakan ka-3
Dina umpakan ka tilu, umumna digunakeun pikeun nyimpen binih-binih tutuwuhan, umpakan ieu disebutna lentar.[9]
Umpakan ka-4
Umpakan ka opat aya nu disebut lempa rae, nyaéta hiji rohang tepat nyimpen stok kadaharan pikeun persiapan saupama aya paila. Jadi kadaharan ieu salaku sasadiaan lamun usum halodo atawa usum susah kadaharan.[9]
Umpakan ka-5
Umpakan ka lima dina imah adat Mbaru Niang disebut hekang kede, Nyaéta salah sahiji rohangan anu digunakeun salaku tempat sasajén pikeun para karuhun.[9]
Unggal wangunan biasana dieusian ku genep nepi ka dalapan kulawarga. Lamun urang hayang meuting di Waé Rébo, urang bisa ngéndong di salah sahiji wangunana, kalayan pasilitasna ngan ukur meunang simbut jeung bantal basajan.[5]
Sajaba ti éta loba ogé kamonésan-kamonésan séjénna, upamana karajinan leungeun, hasil kopi, vanili jeung kayu manis anu dijadikeun oléh-oléh has ti Waé Rébo.[2] Wanoja-wanojana biasa nyieun karajinan tina hasil tani atawa nyieun kaén tinun.[5] [10]Anu leuwih narik ati séjénna nyaéta, wisatawan bisa milu ngarasakeun kaunikan budaya, adat istiadat jeung kasoméahan masarakatna, ku cara ngéndong di pakampungan.[2] Pamandangan alam anu mangrupa gunung-gunung diadumaniskeun jeung tujuh wangunan imah adat jadi suasana anu mandiri pikeun wisatawan, sarta jadi kaéndahan anu hésé digambarkeun ku kekecapan.[5]
Remove ads
Lalampahan ka Waé Rébo
Lokasi désa Waé Rébo ayana di Kabupatén Manggarai, kacamatan Sétarmésé Barat, NTT.[11] Lamun hayang wisata ka Waé Rébo bisa diaksés ku cara datang heula ka Labuan Bajo.[12] Lalampahan ti Labuan Bajo mapay jalan sempit bari luak-léok sarta bakal méakeun waktu lima nepi ka genep jam ngagunakeun mobil.[13] Satuluyna pikeun nepi ka nu di tuju, nyaéta pakampungan adat Waé Rébo, wisatawan kudu nempuh lalampahan kurang leuwih 6 KM ti Désa Dintor ka Désa Déngé kalayan bisa ngagunakeun motor.[14] Lalampahan ti Déngé ka Waé Rébo téh kira-kira méakeun waktu kurang leuwih 3 jam mapay daérah-daérah anu nyingkur, leuweung geledengan, meuntas walungan sarta mapayan biwir jungkrang.[2]
Référénsi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads