Weda

From Wikipedia, the free encyclopedia

Weda
Remove ads

Weda (basa Sanskerta: वेद; Vid, "élmu pangaweruh") nyaéta kitab suci agama Hindu. Weda mangrupa kumpulan sastra-sastra kuno ti zaman India Kuno nu jumlahna loba jeung jembar. Dina ageman Hindu, Weda kaasup dina golongan Sruti (sacara harfiah artina "nu didengé"), sabab umat Hindu percaya yén eusi Weda mangrupa kumpulan wahyu ti Brahman (Tuhan). Weda diyakinan salaku sastra pangkolotna dina “peradaban” manusa nu masih aya nepip ka kiwari. Dina masa turunna wahyu, Weda diturunkeun/diajarkeun kalawan sistim lisan-pangajaran ti biwir ka biwir, nu dina mangsa éta tulisan can kapanggih-ti guru ka siswa. Sanggeus tulisan kapanggih, Resi nuliskeun ajaran-ajaran Weda ka bentuk tulisan.[1]. Weda sifatna apaurusheya, sabab asalna ti wahyu, teu dijieun ku manusa, sarta abadi.[2]. Maharesi Byasa, nyusun deui Weda jeung ngabagi Weda jadi opat bagéan nyaéta: Regweda, Yajurweda, Samaweda, jeung Atharwaweda. Sakabéh disusun di masa awal Kaliyuga.

Thumb
Kitab Suci Weda, Rigveda.
Remove ads

Etimologi

Sacara etimologi, kecap Weda akarna ti kecap vid, nu ina basa Sansekerta artina "nyaho", dina rungkun basa Indo-Eropa akar kecap ti weid, nu artina "nempo" atawa "nyaho".[3] weidogé mangrupa akar kecap ti wit dina basa Inggris, sakumaha kecap vision dina basa Latin.

Upaweda

Upaweda mangrupa turunan ti Weda nu mangrupa jurusan élmu nu leuwih spesifik dina aplikasi kahirupan. Upaweda digolongkeun ku sababaraha jurusan, nyaéta:

  • Ayurweda - élmu pengobatan.
  • Dhanurweda - Seni bela diri jeung persenjataan.
Ayurveda jeung Dhanurveda ngabogaan sababaraha sasaruaan dina kagiatan praktekna. Duanana gwé kalawan ngamangpaatkeun Marma, energi Prana nu ngalir dina jero awak. Ayurveda fungsina ngobatan awak jasmani, sedengkeun Dhanurveda ngamangpaatkeun energi prana salaku taméng awak. Konsep ieu ogé dipikawanoh dina widang paélmuan di China, dina akupunktur jeungs eni beladirina.
  • Stahapatya Veda - élmu Arsitektur, Seni Pahat jeung élmu Géomansi.
  • Gandharv Veda - Seni musik, sajak jeung tari

Sababaraha widang élmu saperti Jyotisha (élmu astrologi), Tantra, Shiksha jeung Vyakara (élmu tata basa) nu sumberna ti Weda ogé.

Remove ads

Catetan

Referensi

Tumbu luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads