Wiradadaha

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Tumenggung Wiradadaha ngaran anu digunakeun ku bupati-bupati Sukapura (ayeuna Tasikmalaya) turunan Ngabéhi Wirawangsa. Manéhna bupati nu munggaran di Kabupaten Sukapura anu gelarna Tumenggung Wiraadegdaha (Wiradadaha I) anu maréntah taun 1633-1673. Manéhna diangkat jadi bupati Sukapura ku Sultan Agung (1613-1645) ti Mataram lantaran jasana ngiring numpeskeun barontakna Dipati Ukur jeung Mataram (1629-1632), babarengan jeung Ngabéhi Astramanggala (Tumenggung Wiraangunangun) jeung Ngabéhi Somahita (Tumenggung Tanubaya). Bupati Sukapura séjénna anu ngagunakeun ngaran Wiradadaha nyaéta R. Jayamanggala atawa Wiradadaha II (1673-1674) nyaéta putra Wiradadaha I nu dipikawanoh ogé ku ngaran Dalem Tambela, salajengna R. Anggadipa atawa Wiradadaha III (1674-1723) nyaéta putra Wiradadaha II, salajengna R. Subamanggala atawa Wiradadaha IV (1723-1745) nyaéta putra kadua Wiradadaha III, salajengna R. Jaya Anggadireja atawa Wiradadaha V (1747-1765) nyaéta putra R. Sacapati bupati Sukapura kalima (1745-1747) atawa buyut Wiradadaha III, salajengna R. Demang Anggadipa atawa Wiradadaha VI (1807-1813 jeung 1814-1828)[1].

Remove ads

Daftar Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads