From Wikipedia, the free encyclopedia
Fiksi nyaéta salah sahiji istilah anu dipaké dina sakabéh karya sastra nu wujudna naratif (carita), boh dina wangun prosa, boh dina wangun puisi, meunang ngaréka atawa nyusurup, lain nyaritakeun kajadian nu nyata (sajarah). Tapi, ka dieunakeun istilah fiksi disaruakeun jeung istilah prosa naratif (novel atawa roman jeung carita pondok).[1]
Karangan fiksi nu diréka dumasar kana fakta atawa kanyataan, ngabalukarkeun ayana istilah roman sajarah atawa novel sajarah, roman biografis atawa novel biografis.[1]
Fiksi téh asal kecapna tina basa Inggris fiction, tina basa Prancis Kuna jeung Latin fictio nu hartina jieunan nu asalna tina fingerie nu hartina nyieun atawa ngaréka.[1]
Dina karya fiksi nyangkaruk aspék atawa ciri mandiri di antarana dijéntrékeun kieu.[2]
Fiksi mangrupa carita kahirupan manusa nu sipatna fiktif, ku sabab diréka ku pangarang. Gaya nyarita pangarang henteu homogén, pangarang henteu kudu jadi jalma kahiji nu nyarita, tapi bisa méré kasempetan keur panyatur sékunder keur cumarita nepi ka ngahasilkeun dialog nu hadé. Carita nu dipidangkeun dina fiksi mangrupa carita fiktif, lamun miboga sasaruaan jeung kanyataan, éta téh ukur kabeneran wungkul. Dina wengkuan carita biasana dipidangkeun sacara ngaruntuy keun ngagambar konflik jeung kapanasaran nu maca.[2]
Fiksi jeung non-fiksi sanajan sarua naratif, tapi aya bédana lebah wangun, eusi, jeung basa anu dipakéna. Leuwih jelasna dijéntrékeun kieu.[4]
Fiksi | Non-fiksi |
---|---|
Imajinasi pangarang nu sipatna fiktif.[4] | Fakta, réalitas, nyata dina kahirupan sapopoé.[4] |
Wangunna bisa novel atawa roman, carpon, jeung carita nyambung.[4] | Wangunna bisa ésai, féature, kolom, opini, artikel, jeung résénsi.[4] |
Gambaran Subjéktifitas pangarang nu bakal ngahudang rasa nu maca.[4] | Gambaran objéktifitas keur ngahudang pikiran jeung logika nu maca.[4] |
Basana bisa konotatif jeung denotatif kalawan ngahudang tafsiran nu rupa-rupa.[4] | Basana dénotatif kalawan neueulkeun kana konsép nu kawatesanan (moal salah tafsir).[4] |
Téma atawa jejer nyaéta inti carita anu diwangun tina runtuyan kajadian anu dipidangkeun dina prosa[5]. Téma téh asal kecapna tina thema < tithenai nu hartina téh neundeun. Téma téh aspék carita nu sajajar jeung ma'na dina pangalaman manusa nu salawasna miboga kesan jeung pantes diinget-inget. Ku kituna, téma téh béda jeung judul[6]. Téma leuwih neueulkeun kana gagasan jeung amanat nu ngawangun eusi karangan sagemblengna[7]
Fakta carita téh hal-hal nu patali jeung carita fiksi. Fakta carita téh ngawengku palaku, karakter palaku, galur, jeung latar. Éta opat unsur kaasup kana fakta carita téh ku sabab sacara faktual bakal ngawangun kajadian jeung éksisténsina dina prosa fiksi.[8]
Palaku téh individu rékaan nu ngalaman rupaning kajadian dina carita. Ari karakter palaku mah pidangan paripolah atawa kawangunna citra palaku dina karya sastra. Ditilik tina peranna, palaku diwincik jadi dua nyaéta protagonis jeung antagonis.[9]
Galur téh mangrupa runtuyan kajadian dina carita nu patali jeung sabab jeung akibat. Wanda galur carita aya tilu.[6]
Latar atawa setting anu nuduhkeun tempat, waktu jeung kaayaan (situasi) hiji kajadian nu karandapan ku palaku. Latar téh dianggap tatapakan keur ngajéntrékeun tempat, patalina waktu sajarah, jeung lingkungan sosial rupaning kajadian nu dicaritakeun.[10]
Sarana sastra nyaéta salah sahiji métodeu pangarang nyarungsum jeung milih rincian carita keur ngahontal pola-pola anu miboga ma’na. Sarana sastra téh ngawengku simbol, gaya basa, jeung puseur implengan.[10]
Dina fiksi simbol téh bakal ngabalukarkeun tilu akibat. Kahiji, simbol nu aya dina kajadian téh nuduhkeun ma’na tina éta kajadian. Kadua, simbol nu diulang-ulang bakal jadi panginget-nginget nu maca keur ngahontal ma’na nu gembleng tina carita. Katilu, simbol nu kapanggih kalayan intensitas nu mindeng téh bisa mantuan nu maca manggihan téma carita.[10]
Dina sastra, gaya téh patali jeung cara atawa kamampuh pangarang ngaébréhkeun gagasan dina carita. Basa nu dipaké téh bisa humor, konkrit, imajinatif jeung métafor. Campuran basa nu dipilih ku pangarang téh bakal ngahasilkeun gaya basa nu miboga ciri mandiri karya anu dihasilkeun.[10]
Puseur implengan téh nuduhkeun carita nu dipidangkeun. Ieu unsur mangrupa cara atawa sawangan nu dipaké ku pangarang salaku sarana keur midangkeun carita ka nu maca. Contona palaku kuring téh salaku puseur implengan jalma kahiji.[10]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.