Kadelé nyaéta sarupaning kacang, ilaharna sok dijieun témpé, tauco atawa tahu.[1] Kadelé sok disebut ogé kacang jepun atawa kacang gading, pédah warnana gading.[1]

Fakta Singget Kedelai, Klasifikasi ilmiah ...
Kedelai
Thumb
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Faboideae
Génus:
Glycine

(L.) Merr.
Spesies

Glycine max
Glycine soja

Tutup
Thumb
Siki Kadelé

Kandungan Kadelé

Saperti dilansir ti Times of India, kadelé miboga kandungan 13 nutrisi penting, nyaéta protéin anu kualitasna alus, asam lemak omega 3, asam lemak omega 6, kalsium, magnésium, beusi, serat, asam folat, vitamin B1, B2, jeung B6, kalium, fosfor, jeung séng. Numutkeun The American Heart Association, kadelé mangrupa sumber protéin anu kualitasna alus pikeun vegetarian.[2] Kandungan kolesterol alami jeung bébas laktosa, sarta kandungan asam lemak esensial saperti oméga 3 jeung oméga 6, balukarna kadelé alus didahar ku jalma-jalma anu miboga gangguan dina jantung, diabetes jeung darah tinggi.[2] Kadelé miboga kandungan 45 persén protéin nabati anu kualitasna alus, dibandingkeun jeung protéin dina endog kaasup 18-20 persén lipid, mangrupa sumber utama lemak alus.[2] Kadelé ogé miboga kandungan asam amino esensial.[2] Lamun ngonsumsi 25 nepi ka 50 gram kacang kadelé unggal poé bisa ngurangan kadar kolésterol jahat dina getih jeung ngurangan résiko panyakit jantung.[2]

Olahan Kadelé

Aya sababaraha hasil olahan tina kacang kadelé :

  1. Rupa-rupa tahu saperti tahu bodas, tahu Bandung, tahu takwa, jeung topu.[3]
  2. PIkeun jadi sambara dina pasakan, contona kécap amis atawa soyu ti Jepang.[3]
  3. Bahan pokok pikeun nyieun témpé.[3]
  4. Susu kadelé, kandungana protéin sarua jeung susu sapi.[3]
  5. Tipung kadelé bisa dijieun pikeun nyieun roti.[3]
  6. Minyak kadelé dipaké pikeun nyieun sabun, plastik, kosmétik, resin, mangsi, krayon, pelarut, jeung biodiesel.[3]
  7. Bahan utama dina tauco jeung tausi tina kadelé hideung.[3]

catetan

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.