Mohandas Gandhi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Citakan:Infobox revolution biography
Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia. Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel. Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah. |
Mohandas Karamchand Gandhi (Gujarati: મોહનદાસ કરમચંદ ગાંધી; Hindi: मोहन्दास करमचंद गांधी, Pronunciation-IPA: / moːhənd̪aːs kərəmtʃənd̪ gaːnd̪ʰiː / ) (2 Oktober 1869 – 30 Januari, 1948) salah saurang politikus utama jeung pamingpin spiritual India jeung gerakan kamerdekaan India. Gandhi pionir[1] tur panutur Satyagraha — ngalawan ku cara teu nurut babarengan dumasar kana ahimsa (bajoang teu make kekerasan) nu jadi salah sahiji filosofi sumanget dina Gerakan Kamerdekaan India, tur jadi inspirasi gerakan keur hak asasi jeung kamerdakaan di dunya. Gandhi ilahar jeung kawentar boh di India atawa di dunya ku ngaran Mahatma Gandhi (Hindi: महात्मा, / məhatma /; tina Basa Sansakerta, Mahatma: Great Soul) nyaéta Bapu (dina Basa India, Bapak).
Salah saurang ahli hukum didikan Inggris, Gandhi mimiti ngusulkeun idena keur bajoang sipil ku cara damey di komunitas perjuangan India keur hak asasi di Afrika Kidul. Sanggeus mulang ka India, Gandhi ngumpulkeun patani miskin jeung buruh keur protes kana "penindasan" pajak jeung diskriminasi. Mingpin Kongres Nasional India, Gandhi ngayakeun kampanye keur ngurangan kamiskinan, ngabébaskeun awewe India, babarayaan antara komunitas nu béda kapercayaan jeung etnis, ngeureunkeun perbudakan jeung diskriminasi kasta, sarta minuhan kabutuhan ekonomi nasional sorangan, sakabéh di luhur keur Swaraj — kamerdakaan India tina dominasi bangsa asing. Gandhi kawentar mingpin dina nolak pajeg uyah ku cara cara 400 kilométer (248 miles) Dandi Salt March dina 1930, sarta menta sacara terbuka ka Inggris keur Kaluar India dina taun 1942. Gandhi méakeun umur hirup keur kadameyan tur hirup tumuwuh babarengan antara Hindus, Muslims jeung Sikhs.
Salila bajoangna, Gandhi konsisten bajoang tanpa kekerasan jeung kebenaran sanajan dina kaayaan ekstrim. Gandhi jadi mahasiswa filosofi Hindu sarta hirup sederhana, "mengelola" ashram nyaéta minuhan kabutuhan sorangan. Gandhi nyieun baju ku sorangan — baju tradisional Indian dhoti jeung shawl, tinun maké charkha — sarta hirup diet salaku vegetarian. Gandhi remen puasa — pantang tina dahareun tur cai dina waktu nu lila — keur pembersihan diri tur nandakeun protes. Kahirupan jeung ajaran Gandhi méré ilham keur Dr. Martin Luther King Jr., Steve Biko jeung Aung San Suu Kyi sarta gerakan hak asasi sipil Amerika, perjuangan hak asasi manusa di Afrika Kidul jeung Myanmar. Kritikna kana sababaraha aspek modérnisasi kulon (saperti tehnologi jeung industrialisasi modérn) ogé nambahn reputasina dina ngawangun kritik nu jadi inspirasi pamikir politik saterusna.
Gandhi dibéré gelar Bapak Nasional India, gelar mimitina Subhash Chandra Bose Archived 2019-08-29 di Wayback Machine [2]. Ulang taun Gandhi dina 2 Oktober dieling-eling salaku Gandhi Jayanti, sarta jadi poe libur nasional.