Pandémi koronavirus 2019 di Viétnam
From Wikipedia, the free encyclopedia
Pandémi koronavirus 2019 di Viétnam mimiti kapanggih di tanggal 23 Januari 2020[2] nalika aya dua warga nagara Tiongkok anu dinyatakeun positip virus korona.[3]
Peta pandémi di Viétnam: (9 April): ██ Terkonfirmasi██ Diduga | |
Panyakit | COVID-19 |
---|---|
Galur Virus | SARS-CoV-2 |
Lokasi | Viétnam |
Kasus munggaran | Ho Chi Minh City |
Tanggal mimiti aya | 23 Januari 2020 |
Asal | Wuhan, Hubei, Republik Rahayat Tiongkok |
Kasus kakonfirmasi | 1,361[1] |
Kasus pulih | 1,209[1] |
Tilar dunya | 35[1] |
Situs web resmi | |
ncov |
Per tanggal 4 Juni 2020, kacatet geus aya 328 kasus positip sarta 302 urang anu geus cageur. Euweuh kasus anu tiwas di Viétnam.[4][5][6][7] Hal ieu anu nyababkeun Viétnam dikléim jadi nagara anu suksés dina nanganan virus korona, bareng jeung Taiwan jeung Koréa Kidul.[8][9] Padahal, sacara géografis, Viétnam boga wates wilayah langsung jeung Tiongkok.
Kasus anu tiwas di Viétnam anu jumlahna nol ku lantaran Viétnam geus siaga ti saprak virus korona kapanggih di Wuhan di bulan Désémber 2019. Nalika kasus munggaran kapanggih di tanggal 23 Januari, Viétnam langsung ngalumakukeun kawijakan darurat, wates jeung Tiongkok ditarutup sarta sakola-sakola diliburkeun, tuluy pamariksaan kaséhatan ditingkatkeun di pangwatesan sarta di tempat anu vital lianna. Pamaréntah ogé langsung ngarantina wilayah sacara gedé-gedéan. Unggal jalma anu datang ka Viétnam wajib dikarantina salila 14 poé. Viétnam wani nyokot tindakan anu ékstrim tapi ampuh dina nyegah sumebarna virus korona.[10][11][12][13][14][15][16] Kasuksésan Viétnam dina nanganan virus korona meunang pujian ti Organisasi Kaséhatan Dunya.[17]