Sarung leungeun
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sarung leungeun nyaéta salah sahiji alat keur munian leungeun, boh sawaréh, boh sakabéh bagianana. Mangpaat sarung leungeun téh keur ngajaga leungeun nu makéna tina rupa-rupa kondisi lingkungan (cuaca) atawa pagawéan nu keur dilakonanana. Aya sababaraha wanda sarung leungeun nu mindeng dipaké ku masarakat, di antarana termis, mékanis, kimia, jeung ngajaga inpéksi. Lian ti éta, sarung leungeun ogé dipaké keur nambahan géngsi atawa modeu nu makéna. Sarung leungeun ogé mangrupa salah sahiji alat kasalametan dina pagawéan. Ieu alat dipiharep bisa ngajaga leungeun tina barang-barang seukeut jeung nyingkahan cidera waktu keur digawé. Waktu milih sarung leungeun aya sawatara faktor nu kudu jadi tinimbangan, di antarana bahan sarung leungeun téh kudu kuat tina hal anu sipatna korosif, panas, tiis, seukeut atawa kasar. Ku kituna, keur nyaluyukeun jeung pungsina bahan sarung leungeun téh béda-beda aya nu tina karét, kulit, jeung lawon katun.[1]