19 April

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

19 April nyaéta poé ka-109 dina sataun (ka-110 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 256 poé.

12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
27282930  

Kajadian

  • 65 SM – Milichus nu dibebaskeun, ngahianatan plot Piso pikeun maténi Kaésar Nero sarta kabéh konspirator tuluy dicarerek.
  • 531 – Patempuran Callinicum: Pasukan Byzantium dina pingpinan Belisarius diéléhkeun ku Urang Parsi di Raqqa ( Syria kalér).
  • 797 – Ratu Irene ngajieun konspirasi ngalawan anakna, raja Byzantium, Konstantin VI. Raja dirugrugkeun tur dilolongan. Teu lila ti harita Konstantin maot alatan tatuna; Irene ngaproklamirkeun dirina minangka basileus.
  • 1539Perjangjian Frankfurt ditaréken antara Kakaésaran Romawi Suci jeung Protéstan Jérman.
  • 1608 – Di Irlandia: Pangbarontakan O'Doherty medal sabada pangdurukan Derry.
  • 1770 – Kaptén James Cook, nu harita masih kénéh létnan, nempo basisir wétan hiji daérah nu kiwari nelah ku Australia.
  • 1770 – Marie Antoinette kawin jarak jauh ka Louis XVI ti Perancis.
  • 1775Perang Révolusi Amérika: Perang dimimitian ku kameunangan Amérika dina Patempuran Lexington jeung Concord.
  • 1782 – John Adams mastikeun pangakuan Républik Walanda ka Amérika Sarikat minangka pamaréntahan merdéka. Imah nu dibeuli ku manéhna di Dén Haag, Walanda, dijadikeun kadutaan Amérika nu munggaran.
  • 1839Perjangjian London nanjeurkeun Bélgia minangka hiji karajaan sarta ngajamin kana kanétralanna.
  • 1861Perang Sipil Amérika: Pakéwuh Baltimore 1861: Sakelompok jalma pro-Pamisahan nyerang tentara Amérika Sarikat nu keur baris ka kota.
  • 1903 – Pangbantéyan Kishinev dimimitian, ngabalukarkeun puluhan rébu urang Yahudi jagana ngarungsi ka Palestina jeung dunia Kulon.
  • 1927Mae West dikeunaan hukuman bui sapuluh poé alatan kalakuan jorangna.
  • 1932 – Présidén Herbert Hoover ngusulkeun poé gawé 5 poé tina saminggu.
  • 1943 – Perang Dunia II: Di Polandia, Pangbarontakan Panampungan Warsawa dimimitian, sabada pasukan Jérman arasup ka Panampungan pikeun nangkepan sésa-sésa urang Yahudi.
  • 1943Albert Hofmann sacara ngahaja nginum LSD pikeun kali kahijina, tilu poé sabada apal épékna dina tanggal 16 April.
  • 1951 – Jénderal Douglas MacArthur reureuh tina karir militerna.
  • 1956 – Artis Grace Kelly ngadahup ka Pangéran Rainier ti Monako.
  • 1971Sierra Leone ngajadi hiji républik sarta Siaka Stevens jadi présidénna.
  • 1971 – Charles Manson dikeunaan hukuman mati (kaituna dikurangan jadi hukuman panjara saumur hirup) pikeun konspirasi dina panelasan Tate–LaBianca.
  • 1985 – Dua ratus agén-agén ATF jeung FBI ngepung komplék kelompok supermasi bulé nu saralamet kénéh, The Covenant, The Sword, and the Arm of the Lord  di Arkansas; kelompok CSA nyerah dua poé ti harita.
  • 1986Michael Spinks ngéléhkeun Larry Holmes dina parebutan gelar juara dunia tinju kelas beurat ku meunang angka 15 ronde.
  • 1987The Simpsons munggaran minton minangka hiji serial pondok dina Acara Tracey Ullman.
  • 1989 – Hiji munara sanjata ngabeledug dina Kapal AS Iowa, nelasan 47 palaut.
  • 1991Evander Holyfield ngéléhkeun George Foreman dina 12 ronde pikeun ngarebut gelar juara kelas beurat.
  • 1993 – Pangepungan FBI ka gedong Cabang Davidian di Waco, Texas, AS salila 51 poé réngsé nalika hurung seuneu ngabebela. Tujuh puluh genep anggota Davidian, kaasup 18 barudak nu umurna di handapeun sapuluh taun maraot dina kahuruan.
  • 1994Rodney King dileler $3.800.000 pangupahan balas digebugan ku pulisi.
  • 1995Pangeboman Kota Oklahoma: Gedong Féderal Alfred P. Murrah di Kota Oklahoma, AS, dibom, nelasan 168 jalma kaasup 19 budak leutik nu umurna di handapeun genep taun.
  • 1999Budenstag (parlemén) Jérman pindah deui ka Bérlin.
  • 2000 – Pasawat Air Philippines 541 murag di Samal, Davao del Norte, nelasan sakabéh 131 jalma sajeroeunna.
  • 2005 – Kardinal Joseph Ratzinger kapilih jadi paus nu anyar sarta ganti ngaran jadi Paus Benediktus XVI.
  • 2013 – Kasangka pangeboman Maraton Boston, Tamerian Tsanaev nemasing pati dina hiji tétémbakan jeung pulisi. Dulurna, Dzhokhar tuluy katewak keur nyumput dina parahu di hiji pakarangan tukang di pasisian Watertown.
  • 2018Miguel Diaz-Canel kapilih jadi présidén Kuba sabada Raul Castro mundurkeun manéh.
Remove ads

Nu babar

  • 1937Joseph Estrada, présidén Philpina ka-13
  • 1939Ali Hosseini Khamenei, pamingpin pangluhurna Iran ka-2, présidén Iran ka-3
  • 1946Tim Curry, aktor Inggris
  • 1968Ashley Judd, artis Amérika
  • 1972Rivaldo, pamaén bola Brasil
  • 1978Gabriel Heinze, pamaén bola Argéntina
  • 1978 – James Franco, aktor Amérika
  • 1979Kate Hudson, artis Amérika
  • 1981Hayden Christensen, aktor Kanada
  • 1987Maria Sharapova, pamaén ténes Rusia
  • 1987 – Joe Hart, kiper Inggris
  • 1990Héctor Herrera, pamaén bola Méksiko
  • 1990 – Ayaka Takahashi, atlét batminton Jepang
Remove ads

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Hansip

Tumbu luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads