25 April

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

25 April nyaéta poé ka-115 dina sataun (ka-116 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 250 poé.

12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
27282930  

Kajadian

  • 404 SM – Admiral Lysander katut Raja Pausanias ti Sparta ngablokir Athéna sarta hasil meunangkeun Perang Peloponnesia.
  • 775 – Patempuran Bagrevand ngaréngsékeun pangbarontakan urang Arménia ka Kakhalifahan Abbasiyyah.
  • 1607Perang Dalapan Puluh Taun: Armada laut Walanda ngancurkeun armada laut Spanyol nu keur rareureuh di Gibraltar.
  • 1644Kaésar Chongzhen, Kaésar pamungkas Dinasti Ming, Tionghoa, maéhan manéh nalika lumangsung pangbarontakan nu dipingpin ku Li Zicheng.
  • 1719Daniel Defoe medalkeun buku "Robinson Crusoe"
  • 1792 – "La Marseillaise" (lagu kabangsaan Perancis) diciptakeun ku Claude Joseph Rouget de Lisle.
  • 1829 – Charles Fremantle nunggang kapal Challenger anjog ka basisir nu kiwari nelah ku Australia Kulon méméh ngakukeun Koloni Leuwi Angsa pikeun Karajaan Inggris.
  • 1846Skandal Thornton: Patelak kabuka dimimitian di wates pacogrégan Texas, micu kana Perang Méksiko-Amérika.
  • 1859 – Insinyur-insinyur Inggris jeung Perancis mimiti ngagali lemah pikeun nyieun Terusan Suéz.
  • 1882 – Pasukan Perancis jeung Viétnam patelak di Tonkin, nalika Komandan Henri Riviere ngarebut bénténg Hanoi ku sajumlah leutik pasukan infanteri marinir.
  • 1898Perang Spanyol Amérika: Amérika Sarikat nyatakeun perang ka Spanyol.
  • 1915Perang Dunia I: Patempuran Gallipoli dimimitian: Serangan ka Bojong Gallipoli Turki ku pasukan Inggris, Perancis, India, Australia jeung Selandia Anyar dimimitian ku balabuh di Anzac Cove jeung Tanjung Helles.
  • 1920 – Dina Konferénsi San Remo, kakuatan Sakutu di PD I ngadopsi hiji résolusi nu nangtukeun panempatan mandat LBB Kelas “A” pikeun pangaturan wilayah-wilayah urut jajahan Turki Utsmani di Wétan Tengah.
  • 1927 – Spanyol ngabaruntakkeun 20.000 soldadu Maroko (pangbarontakan Rifkabylen).
  • 1941 – Operasi Merkur: Hitlér maréntahkeun panalukan Kreta.
  • 1945 – Poé Elbe: Pasukan AS jeung Soviét patepung di Torgau sapanjang Leuwi Elbe, ngabagi Wermacht Nazi jadi dua.
  • 1945 – Pasukan Soviét nganggeuskeun paningkeranna ka Bérlin, motong jalan asup ti béh kulon ka puseur nagri Jérman.
  • 1945 – Poé pangbébasan (Italia): Pasukan Nazi nyarerah sarta ninggalkeun Italia Kalér; pamaréntahan bonéka dibubarkeun sarta Benito Mussolini dicerek nalika rék kabur. Poé ieu dijadikeun poé peré umum pikeun ngareuah-reuah Pangbébasan Italia.
  • 1945 – Négosiasi pikeun diadegkeunna PBB dimimitian di San Fransisco.
  • 1945 – Pasukan pamungkas Jérman ninggalkeun lemah Finlandia di Lapland, mungkas Perang Lapland. Aksi-aksi militer tina Perang Dunia Kadua lekasan di Finlandia.
  • 1951Perang Koréa: Pasukan Cina nu nyarerang dipaksa mundur sabada perang campuh jeung pasukan PBB, nu utamana diwangun ku pasukan Kanada jeung Australia, dina Patempuran Kapyong.
  • 1953 – Francis Crick jeung James Watson medalkeun "Struktur Molekular tina Asam Nukléus: Hiji Struktur pikeun Asam Nukléid Déoksiribosa (singk. Inggris: DNA)” nu ngagambarkeun struktur dobel hélik tina DNA.
  • 1954 – Bateré tanaga surya praktis nu munggaran dipintonkeun ku Laboratorium Telepon Béll.
  • 1959 – Jalan Laut Saint Lawrence, nu nyambungkeun Great Lakes Amérika Kalér jeung Samudera Atlantik sacara rasmi dibuka pikeun palayaran.
  • 1960Kapal selam Angkatan Laut AS, USS Triton, nganggeuskeun ngurilingan dunya maké kapal selam nu munggaran.
  • 1961 – Robert Noyce meunangkeun patén pikeun integrated circuit (IC).
  • 1972Perang Viétnam: Serangan Nguyen Hue: Divisi Ka-320 Viétnam Kalér maksa 5.000 urang ti pasukan Viétnam Kidul pikeun malundur sarta ningker kurang leuwih 2.500 lianna di kaléreun Kontum.
  • 1974Révolusi Kembang Sapatu: Kudéta militer sayap kiri di Portugal ngarugrugkeun otoritas konservatip Réjim Estado Novo sarta ngadegkeun hiji pamaréntahan démokratis.
  • 1981 – Leuwih ti 100 pagawé kakeunaan ku radiasi nalika keur ngaroméan Pabrik Tanaga Nuklir Tsuruga di Jepang.
  • 1982 – Israél ngaréngsékeun panarikan pasukanna ti Bojong Sinai nurutkeun kana Kasapukan Kémp David.
  • 1983Perang Tiis: Budak sakola awéwé Amérika, Samantha Smith, diundang nganjang ka Soviét ku pamingpinna, Yuri Andropov, sabada Andropov maca suratna nu ngébréhkeun kasieunna kana Peraeng Nuklir.
  • 2005 – Potongan panungtung tina Obelisk Axum dipulangkeun ka Éthiopia sabada dipaling wanci serangan Italia di taun 1937.
  • 2005 – Bulgaria jeung Romania néken perjangjian pangauban pikeun ngagabung ka Uni Éropa.
  • 2007 – Pamakaman Boris Yeltsin: Minangka pamakaman nu munggaran nu meunang deui réstu ti Garéja Ortodoks Rusia pikeun saurang pupuhu nagri ti saprak pamakaman Kaésar Alexander III di taun 1894.
  • 2015 – Ampir kana 9.100 jalma maraot sabada lini tohaga 7,8 magnitud narajang Népal.
  • 2019Microsoft jadi firma katilu di AS nu pangjualanna nepi ka 1 triliun dolar, sabada Apple jeung Amazon.
  • 2019 – Angin Puyuh Kenneth narajang Mozambik ku kacepetan 220 km/jam, nelasan saheunteuna 38 jalma sarta ngancurkeun ampir 35.000 imah.
Remove ads

Nu babar

  • 1599Oliver Cromwell, Lord Protector Inggris Raya (td. 1658)
  • 1874Guglielmo Marconi, élmuwan Italia (td. 1937)
  • 1917Ella Fitzgerald, musisi jazz Amérika (td. 1996)
  • 1927Albert Uderzo, komikus Perancis (td. 2020)
  • 1940Al Pacino, aktor Amérika
  • 1947Johan Cruyff, pamaén tur palaitih bola Walanda (td. 2016)
  • 1964Hank Azaria, aktor, pangeusi sora Amérika
  • 1969Renée Zellweger, artis Amérika
  • 1969 – Gina Torres, artis Amérika
  • 1976Tim Duncan, pamaén baskét Amérika
  • 1989Gedhun Choekyi Nyima, Panchen Lama ka-11
Remove ads

Nu pupus

  • 1644Chongzhen, kaésar Cina (l. 1611)
  • 1744Anders Celsius, élmuwan Swédia (l. 1701)
  • 1875Dalai Lama ka-12 (l. 1857)

Poé peré

  • Poé DNA
  • Poé Kapadulian (budak) Teu Wauh ka Kolotna
  • Poé Malaria Dunia

Tumbu luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads