9 Nopémber
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
9 Nopémber nyaéta poé ka-313 dina sataun (ka-314 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 52 poé.
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kajadian
- 1729 – Spanyol, Perancis jeung Inggris néken Pasini Sevilla, ngaréngsékeun Perang Anglo-Spanyol ti taun 1727. Walanda ngiluan dina tanggal 29 .
- 1799 – Napoleon Bonaparte mingpin kudéta 18 Brumaire ngeureunan pamaréntahan Diréktori, sarta jadi Konsul Kahiji dina Pamaréntahan Konsulat.
- 1867 – Shogun Tokugawa nyérénkeun kakawasaan balik deui ka Kaisar Jepang, ngamimitian Réstorasi Méiji.
- 1872 – Kahuruan rohaka di Boston, Amérika.
- 1887 – Amérika Sarikat narima hak pikeun Pearl Harbor, Hawaii.
- 1907 – Permata Cullinan, permata panggedé-gedéna nu kungsi kapanggih (3.106,5 karat / 621,35 gr), disérénkeun ka Raja Edward VII minangka hadiah ulang taunna.
- 1913 – Badéy Great Lakes, pangaruksak-ngaruksakana bencana alam nu pernah narajang éta dano, ngancurkeun 19 kapal sarta niwaskeun leuwih ti 250 jalma.
- 1918 – Kaiser Wilhelm II ti Jérman turun tahta sabada Révolusi Jérman sarta Jérman jadi nagri Républik.
- 1937 – Pasukan Cina mundur tina Patempuran Shanghai dina Perang Sino-Jepang Kadua.
- 1963 – Di tambang batu bara Miike, Jepang, hiji beledugan nelasan 458 jalma sarta 839 kudu dirawat alatan karacunan karbon monoksida.
- 1953 – Kamboja meunang kamerdékaan ti Perancis.
- 1967 – Majalah Rolling Stone munggaran medal.
- 1985 – Garry Kasparov, 22 taun, ti Uni Soviét, jadi Juara Dunia Catur pangorana sabada ngéléhkeun batur sanagarana Anatoly Karpov.
- 1989 – Jerman Wétan muka pos pamariksaan di Témbok Bérlin, ngijinkeun wargana pikeun nyaba ka Bérlin Kulon.
- 1993 – Stari Most, jambatan kolot di Kota Mostar Bosnia nu diwangun taun 1566, rubuh sabada sababaraha poé dibom ku pasukan Kroasia dina Perang Kroasia-Bosnia.
- 1994 – Unsur kimia darmstadtium katimu.
- 1998 – Hiji pangadilan féderal AS, dina hiji perkara sipil panggedéna dina sajarah Amérika, maréntahkeun 37 broker AS pikeun mayar AS$ 1,3 milyar ka invéstor NASDAQ nu ditaripu minangka ganti rugi.
- 1999 – Pasawat TAESA Flight 725 murag sanggeus leupas landas ti Bandara Intérnasional Uruapan, Michoacán, Méksiko, 18 jalma dijero kapal maraot.
- 2005 – Bom-bom bunuh diri narajang tilu hotél di Amman, Yordania nelasan saheunteuna 60 jalma.
- 2007 – Bundestag (parlemén féderal) Jérman ngaluarkeun piagem panahanan data nu kontrovérsi nu ngameunangkeun nahan panyimpanan data lalu lintas télékomunikasi salila genep bulan tanpa kudu aya alesan khusus.
- 2012 – Hiji karéta api nu ngangkut bahan bakar cair nabrak jeung ngabeledugkeun seuneu tohaga di kaléreun Myanmar, nelasan 27 jalma sarta natuan 80 séjénna.
- 2012 – Sahanteuna 27 jalma palastra sarta losinan séjénna cidera dina kaributan antara tahanan jeung panjaga di Panjara Welikada, Kolombo, Sri Langka.
Remove ads
Nu babar
- 1877 – Muhammad Iqbal, pilosop Paksitan (td. 1938)
- 1914 – Hedy Lamarr, artis Amérika kalahiran Austria (td. 2000)
- 1960 – Andreas Brehme, bék Jérman
- 1970 – Nelson Diebel, atlét ngojay AS
- 1970 – Chris Jericho, pamaén Smack Down
- 1972 – Eric Dane, aktor Amérika
- 1974 – Alessandro Del Piero, pamaén bola Itali
- 1984 – Ku Hye Sun, artis Koréa Kidul
- 1988 – Analeigh Tipton, artis tur modél Amérika
Nu pupus
- 1187 – Kaésar Gaozong ti dinasti Song Kidul (l. 1107)
- 1937 – Ramsay MacDonald, PM Inggris (l. 1866)
- 1940 – Neville Chamberlain, PM Inggris (l. 1869)
- 1952 – Chaim Weizmann, présidén munggaran Israél (l.1874)
- 1953 – Ibnu Saud, raja Arab Saudi (l. 1880)
- 1970 – Charles de Gaulle, présidén Perancis ka-18 (l. 1890)
Poé peré / poé panginget-nginget
Tumbu luar
| Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads