Abon

From Wikipedia, the free encyclopedia

Abon
Remove ads

Abon nyaéta salah sahiji kadaharan has Indonésia.[1] Abon mangrupa kadaharan nu bahan dasarna tina daging.[2] Abon biasana warnana semu coklat atawa coklat kolot.[1] Abon téh saperti serat daging, ku sabab abon dijieunna tina daging nu digaringkeun.[1][2] ku sabab abon mah garing, jadi awét nepi ka mangbulan-bulan gé mun disimpen diwadah nu rékép mah.[1] Salian ti bahan dasarna daging, aya ogé nu bahan dasarna téh tina daging hayam, domba, babi, jeung lauk, saperti lauk lélé, tuna, jeung belut.[1] Aya ogé abon tina daging munding, tapi kiwari mah geus jarang, ku sabab daging munding téh kiwari mah langka dipasaran.[1] Abon biasana dipaké keur deungeun sangu, palengkep bubur, eusian lemper atawa pastel.[1][3]

Thumb
Abon sapi

Di Indonésia, daérah nu sok nyieunan abon sapi téh biasana mah di Boyolali, Solo, Salatiga, jeung sabudeureunana.[1] Sadengkeun abon babi mah biasana diproduksi di Bali, abon tina bahan dasar lauk biasana diproduksi di wewengkon nu deukeut ka laut atawa basisir, saperti Makassar, jeung Pangandaran.[1] Biasana abon téh dijual ditempat oleh-oleh.[1]

Remove ads

Cara nyieun

Pikeun nyieun abon, sadiakeun bahan-bahan, kayaning daging sapi (mun rék nyieun abon sapi), bungbu-bungbu saperti katuncar, gula beureum, uyah, bawang bodas, jsb.[1] Keureutan daging sapi, bungbuan ku uyah jeung kécap, tuluy kulubkeun nepi ka ngagolak jeung serat-serat dagingna marisah, suwiran mun sakirana aya nu acan misah.[1] Geus kitu tuluy garingkeun ku cara dipoé handapeun panon poé atawa di ovén.[1][2] Sanggeus éta, daging meunang moé téh disangray dikatél nu gedé sabari ditutuan nepi ka serat dagingna saperti benang.[1][2] Sabari disangrai, abuskeun bungbu-bungbu nu meunang ngalemeskeun, tuluy digalokeun nepi ka garing.[1]

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads