Lemper
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Lemper nyaéta salah sahiji kadaharan nu dijieun tina béas ketan bodas nu eusina bisa abon atawa daging hayam kalawan dibungkus ku daun cau. [1] Ieu kadaharan kakoncara di sakuliah Indonesia salakau kadaharan pamuka saméméh kana kadaharan nu utamana. Lemper biasana mindeng pisan dijadikeun kadaharan snack box jeung kadaharan lianna.

Cara nyieun
Cara nyieun lemper ngawengku nataharkeun daging hayam atawa abon keur eusina, tuluy ngasakan béas ketan nepi ka asak (leuwih hadé ditambahan santen). Bungkus ketan nu geus dieusian daging hayam atawa abon ku daun caun nepi ka panjang jiga lontong. Geus bérés kitu tuluy seupan nepi ka asak. Keureutan sing rada parondok. [2]
Jaman jeung kamekaran
Jaman kiwari patali jeung komersialisasi jeung éféktifitas waktu, nyieun lemper téh ukuranana disaluyukeun jeung pesenan. Malah mindeng nu sok ngagunakeun bungkus plastik atawa kertas bodas sanggeus ku daun cauna. Prosés ngolahna ogé tara diseupan deui. Sanggeus dikeureutan rada parondok mah langsung dijual. Variasi lemper téh biasana ngagunakeun krép (crepe) nu dijieun tina tipung tarigu, samara, jeung endog hayam. Ngaranna ogé sok aya nu nyebut semar mendem. Aya ogé nu nyebut arem-arem nu ngagunakeun sangu dicampur ketan. [2]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
